Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/59

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
53


inoeman radja Měsir sarta djeung toekang roti baroga dosa ka goestina. Anoe matak Piraon běndoe ka eta doewa ponggawa, toeloej diselehkeun ka pangberokan, enggon Joesoep ditoetoep. Ari ajana dina pandjara sababaraha poë lilana. Tidinja doewanana pada boga impian, masing-masing impianana, dina hidji peuting. Ari Joesoep ngadeuheusan ka darinja wantji isoek sarta ditendjo, doemadakan, pada koetjem; seug naros ka darinja: „Koe naon noe mawi andjeun poě ijeu pada měsoem?” Ari djawabna ka Joesoep: „Kaoela pada boga impian, sarta euweuh anoe bisa něrangkeun." Pihatoer Joesoep ka darinja: „Naha sadajana katerangan lain kagoengan Allah? Mangga tjarijoskeun ka koering.” Pok kapala toekang inoeman kijeu tjaritana ka Joesoep: „Dina impian kaoela, doemadakan, aja hidji tangkal anggoer di hareupeun kaoela, sarta eta tangkal anggoer tiloe dahanna. Děmi eta teh eukeur djadi, bidjil kembangna, ranggeujanana datang ka asak boewahna. Ari leungeun kaoela njěkěl loemoer Piraon. Seg eta boewah-boewah koe kaoela dipětik, bari dipěrěs kana loemoer Piraon; toeloej loemoer teh koe kaoela disanggakeun ka panangan Piraon.” Pihatoer Joesoep ka dinja: „Kijeu katěranganana: anoe tiloe dahan teja nandakan tiloe poë. Tiloe poë deui sirah andjeun koe Piraon bakal ditjéngkatkeun, sareng dilěbětkeun deui ka pangkat andjeun, sakoemaha adat tadi. Sawangsoelna moegi masing eling ka diri koering, dimana andjeun geus genah, sareng moegi ngoendjoekkeun koering ka Piraon, ngalantarankeun koering dika-loewarkeun ti djéro ijeu imah. Karana koering teh teu milampah kijeu-kijeu, anoe matak diasoepkeun kana ijeu gorowong.” Barang kapala toekang roti geus waspada, jen něrangkeunana ngeunah, pok njaoer ka Joesoep: „Kaoela pon kitoe keneh, dina impian kaoela, doemadakan, kaoela keur njoehoen tiloe tetenong, dieusi roti bodas. Ari tetenong noe pangloehoerna eusina saroepaning katoewangan Piraon, gawe toekang roti; seg koe manoek diparatjokan tina tetenong anoe disochoen koe kaoela.” Ngawangsoel Joesoep, kijeu wangsoelanana: „Tiloe poë deui sirah andjeun koe Piraon bakal