Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/60

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
54


ditjěngkatkeun, dieuweuhkeun ti diri andjeun, bari seug andjeun digantoengkeun dina kai; sareng manoek bakal maratjokan daging andjeun tina diri andjeun.” Geus kitoe dina poë noe katiloe poë wewědalan Piraon. Harita kapala toekang inoeman koe Piraon dilěbětkeun deui ka pangkatna. Děmi kapala toekang roti mah dipiwarang digantoeng, sakoemaha nerangkeunana Joesoep ka darinja. Ari kapala toekang inoeman teh teu elingeun ka Joesoep, satěgěsna poho.


§ 21. Joesoep diagoengkeun.

(1 Moesa 41.)

1. Děmi geus meunang doewa taoen, Piraon ngimpen, doemadakan, andjeunna ngadeg di sisi tji Enil. Beh tina tjai Enil harandjat toedjoeh sapi, araloes roepana djeung lalintoeh dagingna. Geus kitoe beh toedjoeh sapi sedjen deui harandjat tina tji Enil, sapandeurieun eta, garoreng roepana djeung karoeroe dagingna. Seg sapi noe bijen teh ngahakanan kana toedjoeh sapi noe araloes teja, datang ka bejak. Toeloej Piraon lilir. Tidinja koelěm deui, seug ngimpen ngadoewa-kalian. Beh toedjoeh ranggeujan baridjil tina tangkal gandoem hidji, baleuneur nja harade. Geus kitoe, beh toedjoeh ranggeujan noe harapa djeung parerang koe angin ti wetan djaradi sapandeurieun eta. Seg ranggeujan noe bijeu teh pada ngaléglégan kana toedjoeh ranggeujan noe baleuneur nja parěpěl teja, datang ka bejak. Toeloej Piraon lilir deui, horeng teh impian. Geus kitoe, wantji isoek soekmana goelinggasahan. Seug miwarang njaoer sakabeh pandita Měsir, djeung sakabeh djalma noe pintěr di dinja, tatapi taja hidji-hidji atjan noe bisa nerangkeun eta impian ka Piraon. Pok kapala toekang inoeman teja oendjoekan ka Piraon, kijeu pioendjoekna: „Simkoering dangět ajeuna ras eling ka dosa simkoering. Basa Piraon keur běndoe ka abdi-abdina teja, seug simkoering diselehkeun, dipandjara, nja diri simkoering sínaréngan kapala toekang roti teja. Tidinja simkoering sami gadoeh impenan, dina hidji wengi. Doepi di dinja,