Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/61

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
55


sasarengan simkoering, aja hidji djalma anom, oerang Ibrani. Seug impenan simkoering koe eta diterangkeun ka simkoering, něrangkeunana masing-masing noeroetkeun impenanana. Doepi geus kitoe, sakoemaha eta nerangkeunana ka simkoering, nja kitoe pisan djadina: simkoering dilebětkeun deui ka pangkat simkoering noe tadi, doepi eta mah digantoeng.”


2. Tidinja Piraon miwarang njaoer Joesoep. Gantjang Joesoep dika-loewarkeun tina gorowong; pek ditjoekoer, sarta disalin papakeanana, bari toeloej ngadeuheus ka Piraon. Pok Piraon ngalahir ka Joesoep: „Kami teh boga impian, tatapi taja noe bisa nerangkeun; ngan kami meunang bedja hal maneh, oedjarna tijap-tijap maneh ngadenge impian, geus tangtoe bisa nerangkeun.” Ngawangsoel Joesoep ka Piraon: „Simkoering mah teu pisan-pisan; Allah noe ijasa maparin pitoedoeh perkawis kawiloedjengan Piraon.”