Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/65

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
59


marangkat ti dinja, seug darongkap ka ramana, sarta ngoeningakeun ka andjeunna sakoer noe kasorang koe maranehanana. Geus kitoe, mangsa ngaroedoelkeun karoeng-karoengna, doemadakan, boengkoesanana oewang aja dina karoeng saoerang-saoerangna; seug pada sarijeuneun. Ngalahir Jakoeb ka darinja: „Maraneh ngalapoerkeun anak amal Joesoep geus teu aja, djeung Simon geus teu aja, ari ajeuna maraneh rek mawa Binyamin. Eta sakabeh pěrkara matak tjilaka ka ama!”


§ 23. Saderek-saderek Joesoep angkat kadoewa kalina.

(1 Moesa 43.)

1. Ari patjeklik teja banget katjida dina eta tanah. Geus kitoe, mangsana gandoem, beunangna ngarala ti Měsir teja, geus bejak didahar, pok ramana nimbalan ka darinja kijeu: „Geura laleumpang deui, koedoe mareuli deui pihakaneun oerang saeutik.” Pok Joeda oendjoekan ka andjeunna: „Eta djalma sangět nja ngelingan ka koering sadaja, pilahirna: Maraneh moal narendjo deui beungeut kami, kadjaba lamoen doeloer maraneh teja miloe djeung maraneh. Manawi eta doeloer koering koe ama dipiwarang leumpang sareng koering sadaja, mangga, koering sědja arijang, ngadoewit pidahareun ama. Sawangsoelna, madak eta koe ama hanteu dipiwarang leumpang mah, koering moal arijang." Ngalahir Israil: „Naha maraneh mana sakitoe goreng ka ama, ngoeningakeun ka eta djalma, jen maraneh aja deui doeloer?” Ari pioendjoekna: „Eta djalma hantěm mariksakeun pěrkawis sanak-baraja koering. Koemaha koering pitěrangeun, jen bakal nimbalan kijeu teja: Eta doeloer maraneh koedoe bawa mijang?” Oendjoekan deui Joeda ka Israil ramana: „Mangga, boedak teh piwarang leumpang, titipkeun ka koering; nja koering anoe nanggoeng inja. Manawi koe koering hanteu disanggakeun deui ka ama, sareng hanteu didjonghokkeun ka pajoeneun ama, daek gadoeh dosa ka ama satoetoep oemoer.” Toeloej Israil ramana ngalahir ka darinja: „Lamoen kitoe mah, atoeh koedoe migawe kijeu: koedoe njarokot