Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/66

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
60


hasil taneuh ijeu anoe pangkapoedjina, seg barawa ijang pikeun pangabakti ka eta djalma; nja eta geutah tamba reudjeung madoe, sambara-sambara reudjeung moer, boewah lengkeng sarta boewah kanari. Djeung koedoe mawa oewang doewa kali meuli; karana oewang anoe poelang deui dina lijang karoeng teja, koe maraneh koedoe dibawa disanggakeun deui, boa kasalahan. Sarta doeloer maraneh teh bawa bae. Ari Allah anoe moerba wisesa moegi-moegi ka maraneh maparin kawělasan di pajoeneun eta djalma, soepaja doeloer maraneh noe hidji deui sarta djeung Binyamin koe eta djalma dipiwarang moendoer barěng djeung maraneh!”

2. Djoeng arijang ka Měsir. Sadongkapna pada marěk ka pajoeneun Joesoep. Barang Joesoep ningali Binyamin miloe djeung maranehanana, seug nimbalan ka noe njěkěl gědongna: „Ijeu djalma-djalma anteurkeun ka gědong, sarta koedoe meuntjit peupeuntjitan, bari disadijakeun sakali; karana ijeu djalma-djalma ĕngke těngah poë dalahar djeung kami.” Seug djalma-djalma teh sarijeuneun, sabab diarasoepkeun ka gědong Joesoep. Pok ngaromong: „Hal pěrkara oewang, anoe poelang deui dina karoeng-karoeng oerang bareto teja, noe matak oerang diasoepkeun; meureun oerang teh ditjokot, didjijeun boedak, sarta djeung kalde-kalde oerang.” Toeloej pada njampeurkeun ka eta djalma, sědja moelangkeun oewang teja ka dinja. Ari saoerna: „Montong teuing sarijeun! Allah sampejan djeung Allah rama sampejan maparin pěpěnděman ka sampejan dina karoeng-karoeng sampejan: oewang sampejan teja geus datang ka kaoela. Sarta eta djalma ngaloewarkeun Simon teja ka maranehanana. Geus kitoe Joesoep soemping ka gědong. Gantjang pada njanggakeun ka andjeunna pangabakti beunangna mawa teja, di djěro gědong, sarta pada soedjoed ka andjeunna, njoeoeh kana taneuh. Seug Joesoep mariksakeun ka darinja salamět hanteuna, sarta ngalahir kijeu: „Koemaha, bapa maraneh anoe sěpoeh, salamět? Koemaha hiroep keneh?” Ari pioendjoekna: „Berkah, abdi gamparan, poen bapa, salamět; hiroep keneh, noen.” Ana Joesoep tjěngkat