Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/67

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
61


sotjana, sarta ningali Binyamin rajina, poetra saiboe, pok ngalahir: „Naha, nja ijeu doeloer maraneh noe boengsoe, anoe koe maraneh ditjatoerkeun ka kami teja?” Seg ngalahir deui: „Eh ěnoeng! moegi aja sih-koernija Allah ka maneh.” Toeloej Joesoep gěsat-gěsoet moeroe geusan nangis; seug lěbět kana hidji kamar sarta nangis di dinja. Geus kitoe sipeunteu, bari toeloej kaloewar deui, sarta ngarěkétkeun andjeun. Tidinja nimbalan: „Geura ngatoer kadaharan.” Prak diatoerkeun baris andjeunna njalira, sarta baris saderekna sabatoer eta, kitoe deui baris oerang Měsir, anoe sok dahar sasarěngan djeung Joesoep, sabatoer eta. Sabab oerang Měsir hanteu kongang dahar djeung oerang Ibrani reudjeung, karana lampah kitoe kagiroek oerang Měsir. Gek tjaralik di pajoeneunana, tjikalna noeroetkeun katjikalanana, ari boengsoena noeroetkeun kaboengsoeanana; noe matak eta djalma silih-tendjo djeung doeloer, bari hareraneun. Toeloej pada dipoepoendoetan katoewangan ti pajoeneun Joesoep. Děmi katoewangan Binyamin lima kalieun katoewangan anoe reja.


§ 24. Joesoep ngababarkeun andjeun ka saderek- saderekna.

(1 Moesa 44, 45.)

1. Geus kitoe Joesoep miwarang ka noe njěkěl gědongna teja, kijeu piwaranganana: „Karoeng-karoeng eta djalma geura areusian koe kahakanan, sakabawana bae; ari doewit saoerang-saoerangna teundeun dina lijang karoengna. Djeung deui loemoer kami, loemoer perak teja, koedoe teundeun dina lijang karoeng anoe boengsoe, sarta djeung pameulina gandoem.” Prak ngalampahkeun sapilahir Joesoep. Isoek-isoek, barang bjar, heug eta djalma di djoeroeng lakoe, maranehanana djeung kalde-kaldena. Barang geus ka loewar ti dajeuh, tatjan djaraoeh, seg Joesoep nimbalan ka noe njokėl gědongna teja: „Maneh geura dangdan, koedoe ngoedag njoesoel eta djalma-djalma; dimana geus kasoesoel, koedoe ngomong ka darinja kijeu: Naha koe maraneh