kahadean dibales koe kagorengan? Lain nja eta, noe koe goesti kaoela sok dianggo ngaleueut, sarta sok dianggo norah? Goreng těměn lampah, anoe koe maraneh dilampahkeun.” Barang geus kasoesoel, pok eta djalma mitjatoer ka darinja sakoemaha kasaoeran tadi. Děmi pihatoerna ka eta djalma: „Sageuj teuing! Dalah oewang, anoe koe koering sadaja kapěndak dina lijang karoeng-karoeng teja, geus dipoelangkeun deui ka andjeun; na koemaha koering ti gědong goesti andjeun rek maling perak atawa ěmas? Mana-mana abdi gamparan anoe kapěndak njimpěn, mangga paehan; samalah koering noe reja sanggoep djadi boedak djoeragan.” Ari saoerna: „Hade ajeuna, kitoe bae. Saha-saha anoe kapanggih ngampihan, nja eta pidjadieun boedak kami.” Gagantjangan pada noeroenkeun sakaroeng-karoengna kana taneuh, bari pada diboekakeun. Toeloej djalma teh ngoeběk
ngoeběk, ngamimitianana ti noe pangkolotna, nganggeuskeunana di boengsoena; ari loemoer teh kapanggihna dina karoeng Binyamin. Pek eta djalma pada njosoëk papakeanana, seug baralik deui ka dajeuh.
2. Sadongkapna boes Joeda djeung saderek saderekna arasoep ka gedong Joesoep. Broek pada ngaroeboehkeun maneh ka pajoenoen andjeunna, kana taneuh. Ngalabir Joesoep ka darinja: „Nahaon kalakoean kitoe, anoe dilampahkeun koe maraneh?” Ngawangsoel Joeda: „Simkoering sadaja koemaha nja oendjoekan ka goesti? Kadorakaän abdi-abdi gamparan koe Allah geus kapěndak. Soemangga, simkoering pada djadi boedak goesti.” Děmi lahiran Joesoep: „Sageuj teuing kami teh ngalampahkeun anoe kitoe pětana! Djalma noe kapanggih ngampihan loemoer teh, nja eta noe pidjadieun boedak kami; ari maraneh noe reja geura maroelang bae ka bapa maraneh, sarta sing salamět.” Toeloej Joeda mihatoer kijeu: „Noen goesti! madak aja paidin, abdi gamparan sědja ngoendjoekkeun pioendjoek sakětjapeun ka tjěpil goesti. Njawa abdi gamparan, poen bapa, katjangtjang ka njawa ijeu boedak. Ari diri abdi geus nanggoeng eta boedak ka poen bapa. Ajeuna diri abdi moegi