Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/70

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
64

ngarěrik pikir, sarta oelah rek panas ati maraneh, tina sabab ngadjoewal kaoela ka dijeu; karana kaoela koe Allah dileumpangkeun ti heulaeun maraneh, soepaja matak ngahiroepan. Karana geus doewa taoen ajenna patjěklik di sadjěro įjeu tanah, sarta lima taoen deui moal aja noe njamboet, soemawonna diboewat. Ari ajeuna, lain maraneh anoe ngadatangkeun kaoela ka dijeu, istoening Allah. Gesat-gesoet geura maroelang ka ama, sarta koedoe kijeu nja oendjoekan ka andjeunna: „Kijea pioendjoek poetra ama Joesoep: Koering koe Allah didjadikeun djoengdjoenan, njěkěl sakoeriling Měsir. Mangga, geura ngalih ka koering, oelah arek lami. Ari koering sědja njčkapan ka ama; karanten patjëklik teh lima taoen deui. Sing gésat-gúsoet, ama teh geura bawa ngalih ka dijeu.” Toeloej Joesoep ngarangkoel kana poendoek Binyamin, rajina, bari nangis. Seug njijoeman ka sakabeh saderekna, sarta ditangisan.

4. Geus kitoe bedjana kadangoe koe radja. Ari pangraos Piraon hade pisan. Ngalahir Piraon ka Joesoep: „Geura marentah ka doeloer-doeloer awak: Maraneh koedoe laleumpang, maroelang ka tanah Kanaän. Geus kitoe koedoe njarokot bapa maraneh, sarta djeung saeusi-imah maraneh, bari toeloej ka darijeu, ka kami. Koedoe marawa kareta ti tanah Měsir pikeun maraneh, baris anak-rabi maraneb, sarta toenggangkeun bapa maraneh, seug ka darijeu. Djeung deui panon maraneh oelah hawatir teuing koe hal paparabotan maraneh; karana noe panghadena di satanah Měsír adjang maraneh.”

Djoeng arangkat ti Měsir, toeloej darongkap ka tanah Kanaäu. Gantjang pada ngoeninga ka ramana: „Joesoep hiroep keneh, malah nja eta pisan noe njangking kawasa ka satanah Mesir teh!” Seug manah Jakoeb leuleus, karana teu pěrtjajaeun ka darinja. Tatapi barang ningali eta kareta-kareta, noe koe Joesoep dikintoenkeun, tidinja soekma Jakoeb hoerip. Pok Israil ngalahir: „Tjoekoep sakitoe! Joesoep, anak ama, hiroep keneh! ama dek leumpang, hajang manggihan, meungpeung ama hiroep keneh.”