Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/71

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
65

§ 25. Jakoeb ngalih ka Měsir.

(1 Moesa 46, 47.)

1. Tidinja Israil djèngkar, njandak sakabeh kagoenganana. Ana geus dongkap ka Berseba, toeloej ngoerbankeun koerban peuntjitan bade ka Allah. Geus kitoe Allah nimbalan ka Israil dina titingalian ti peuting: „Ijeu kami Allah, nja Allah bapa maneh. Montong sijeun mijang ka Měsir teh; karana maneh koe kami rek didjadikeun bangsa gede di dinja. Kami rek njarengan ka maneh mijang ka Měsir teh, sarta mengke maneh koe kami dibalikkeun; tangtoe moelang deui." Prak Jakoeb dangdan, ladjeng ti Berseba. Ari djoemlah saeusi boemi Jakoeb, anoe asoep ka Měsir teh, 70 djiwa, kadjaba ti garwa-garwa poetrana. Tidinja Jakoeb miwarang Joeda ti pajoen ka Joesoep. Toeloej saroemping ka tanah Gosen. Gantjang Joesoep miwarang masang karetana, toeloej angkat mapagkeun Israil ramana ka Gosen. Ana geus patěpang djeung ramana, gabroeg ngarangkoel kana tenggěkna, sarta nangis dína těnggěkna lila pisan. Pok Israil ngalahir ka Joesoep: „Ajeuna ama soeka paeh, sanggeus nendjo deui raraj énoeng, geus poegoeh énoeng teh hiroep keneh.“

2. Tidinja Joesoep ngadeuheusan, bari seug ngoeninga ka Piraon, bapana sarta doeloer-doeloerna geus darongkap ka tanah Gosen. Sarta ti pělěbah saderekna njandak lima djalma, toeloej dideuheuskeun ka pajoeneun Piraon. Ngalahir Piraon: „Naon pagawean maranoh?“ Ari pioendjoekna: „Soemoehoen, abdi gamparan djaradi pangangon domba, bagija diri abdi, bagija karoehoen abdi;“ sarta bari njoehoenkeun paidinan tjaritjing di tanah Gosen. Ngalahir Piraon ka Joesoep: „Tanah Měsir teh aja di hareupeun awak; eta rama awak reudjeung doeloer-doeloer awak sina tjaritjing di noe pangaloesna tanah ijeu, nja eta sina tjaritjing di tanah Gosen. Sarta oepama awak terang, di maranehanana aja djalma bisa, nja eta djaradikeun kapala ingon-ingon, njěkèl anoe kami.“ Tidinja Joesoep ngalěbětkeun Jakoeb ramana, dideuheuskeun ka pajoeneun Piraon. Ngalahir Piraon ka Jakoeb: Sabaraha reja taoen oemoer bapa?“ Ari

5