Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/80

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
74


kataradjang pěrang, eta ge seug ngiloe ka noe gareuleuh ka oerang, pek merangan ka oerang, bari toeloej indit tina ijeu tanah.” Tidinja ngadjadikeun poerah njěkěl ka oerang Israil, kapala-kapala gawe; noe dipalar sina pada nganijaja ka dinja koe papantjenna; nja eta mètakeun taneuh likět sarta njijeun bata, djeung koe lantaran saroepaning pagawean dina kebon, koe sakabeh bae pagaweanana, anoe dimistikeun ka darinja kalawan kesit. Tatapi samingkin nganijaja ka dinja, samingkin ngalobaän. Tidinja Piraon miwarang ka sakabeh rahajatna: „Sakabeh anak lalaki anos didjoeroekeun koedoe paritjeun ka bangawan, ari sakabeh anak awewe hiroepan bae.”

2. Aja hidji djalma ngaran Amram, anak-poetoe Lewi, bral angkat, nikah hidji istri ngaran Jokebed, toeroenan Lewi keneh. Toeloej istri teh ngowokeun hidji poetra lalaki. Barang ningali jen poetra teh kasep, seug disoempoetkeun, meunang tiloe boelan. Ana geus teu kadoegaeun njoempoetkeun, pek dipongnjokotkeun hidji kanaga wawalinian, dilampat koe leutak djeung koe gagala; toeloej orok teh diteundeun di djero eta kanaga, geus kitoe diteundeun dina darengdeng, sisi bangawan. Ari lantjeukna awewe (noe ngaran Mirjam,) seg nangtoeng ti kadjaoehan, něgěskeun orok teh pikoemahaeun. Kalěrěsan poetra Piraon noe istri loengsoer, toeloej siram ka bangawan. Seug ningali eta kanaga di tengah darengdeng. Gantjang miwarang embanna njokot. Ana geus diboeka, ningali eta orok; sarta, doemadakan, orok teh keur nangis. Toeloej andjeunna wělaseun ka dinja, sarta misaoer: „Ijeu teh kaäsoep orok oerang Ibrani." Hol lantjeukna awewe oendjoekan ka poetra Piraon teh: Manawi terang, koering rek leumpang mangalakeun awewe noe keur orokan, kaäsoep oerang Ibrani, soepaja mangnjoesoeankeun eta orok.” Lahiran poetra Piraon ka dinja: „Geura djig!” Bral landjang teh leumpang, ngala iboe orok. Ngalahir poetra Piraon ka eta: „Ijeu orok koe njai bawa moelang, pangnjoesoeankeun; engke njai koe kami dibere koelian.” Ari geus gěde moerangkalih teh, toeloej disanggakeun ka poetra Piraon; geus kitoe koe