Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/79

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
73


bedjakeun, ari maneh boga pangarti. Atawa saha noe neundeun batoena djoeroe, dibarengan bentang isoek ragĕm nja sĕnggak, djeung sakabeh poetra Allah saroerak?" Ari Ajoeb teu bisa ngawangsoel ka Pangeran. Toeloej kijeu wangsoelna: „Lérés simkoering tadi njatoerkeun anoe teu kahartos koe simkoering. Koe pěrkawis eta simkoering mitjeun omong tadi, sarawoeh kadoehoeng, make taneuh sareng léboe.” Ladjeng Pangeran nimbalan ka Elipas: „Kami banget nja běndoe ka maneh djeung kana doewa sobat maneh; karana omongan maraneh anoe tadi moenggoeh kami mah hanteu běnér, lain tjara abdi kami Ajoeb. Mana ajeuna maraneh koedoe pada ngoerbankeun koerban doeroekan tina sabab diri maraneh; sarta Ajoeb, abdi kami, sina mangnědakeun maraneh, soepaja kami oelah midaměl ka maraneh noeroetkeun kaboeroengan maraneh. Djeung deui dibojongna Ajoeb teja koe Pangeran dibalikkeun keur mangsa Ajoeb mangnědakeun sobat-sobatna; malah sadajana noe asal kagoengan Ajoeb koe Pangeran diwoewoehan, dongkap ka doewa tikěl. Sarta kagoengan deui 7 poetra paměgět djeung 3 poetra istri. Mantas kitoe Ajoeb hiroep deui 140 taoen, sarta ningali poetra-poetoena, opat toeroenan. Tidinja Ajoeb poepoes, sěpoeh, toer wareg nja oemoer.



PASAL III.

TJARIJOS NABI MOESA.

§ 28. Diowokeunana Moesa sarta minggatna ti Mesir.

(2 Moesa 1, 2.)

1. Ari Joesoep geus poepoes, anak-poetoe Israil ngalobaän katjida. Geus kitoe ngaděg hidji radja anjar, njangking tanah Měsir, anoe hanteu oeningaeun ka Joesoep. Toeloej ngalahir ka rahajatna: „Satěměnna, oerang Israil teh bangsa gede nja rosa ti batan oerang. Hajoe oerang masing pintěr nja pipětaeun ka dinja, soepaja oelah tonggoj ngalobaän; bisina oepama oerang