Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/78

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
72

sakětjap-kětjap atjan, sabab naringali jen kanjěrina banget katjida. Sanggeusing kitoe Ajoeb ěngah lambějna, sarta njapa poë didjoe roekeunana. Seug sobatna pada njeuseul ka andjeunna, ditěrěka geus migawe loba dosa ti batan djalma anoe loba, sabab sangsara gede ti batan sangsara djalma anoe loba. Eta sobat-sobat pada njana, nja koe djalan kitoe Allah moedoe diběběněr. Děmi Ajoeb, ari ngadangoe sobat-sobatna koerang kanjaäh djeug koerang adil, anoe matak paněrka anoe kitoe, seug katjida ngalalawananana ka sobatna. Malah ngalalawananana katjida teuing, datang ka koerang handap-asor; ari pokna: Goesti Allah koe andjeun teu měndak dosa di diri manehna. Nadjan kitoe di lěbah andjeunna aja kapěrtjajaän anoe pageuh, ari ahir-ahir koe Allah kateu-salahanana bakal diboektikeun, ari pokna kijeu: Ari kaoela teh njaho pisan, Poerah ngadjait kaoela djoeměněng, sarta andjeunna noe panganggeusan ngaděg dina lěmah. Djeung sanggeus ijeu teh koelit kaoela bejak diroeksak, seug kaoela ka loewar ti badan pinjeueungeun Allah.

5. Tidinja eta tiloe djalma areureun ngawalon ka Ajoeb, sabab Ajoeb běněr koe pangraos pribadi. Toeloej Elihoe (sobat hidji deui, noe tatjan njaoer sabab noe tiloe deui sěpoeh batan andjeunna) djadi běndoe ka Ajoeb, sabab Ajoeb ngaběněrkeun andjeun leuwih ti Allah. Ari ka noe tiloe sobat teja Elihoe djadi běndoe deui, sabab teu marěndak piwaloneun, padahal pada njalahkeun ka Ajoeb. Toeloej kijeu lahirna: „Allah sok moekakean tjeuli djalma-djalma, sarta paměpěrih adjangna koe andjeunna ditjap. Djeung deui djalma sok dilara-lara koe kanjěri dina pangheësanana, baris njingkirkeun manoesa ti kalakoean goreng, djeung baris noetoepan kaängkoehan ka djalma, kěrsa ngahalangan njawana, diloepoetkeun tina roewangan.” Ari Elihoe eureun ngalahir, toeloej Ajoeb teu ngawalon deui, eleh koe kapintěran manoesa.

6. Tidinja Pangeran ngawalon ka Ajoeb ti djěro angin riboet, kijeu walonna: „Tjangkeng maneh geura disaboek sabijasa lalaki; kami arek nanja ka maneh, seg maneh ka kami mere njaho! Di mana maneh, keur mangsa kami ngadegkeun boemi? Tjik