Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/77

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
71


Pangeran; pek ngageboeg ka Ajoeb koe bisoel goreng, ti semět dampal sampejanana něpi ka émboen-ěmboenanana. Toeloej Ajoeb njandak hidji talawengkar, dianggo ngaoet-ngaoetan salirana, bari ngagoepěk dina lěboe. Pok geureuha Ajoeb mihatoer ka andjeunna: „Naha andjeun masih pengkoeh kana katěměnan andjeun? Geura tjoel bae ka Allah, seug poepoes!” Děmi walonanana ka dinja: „Kapan kabagdjaän koe oerang sok ditampa ti Allah, naha ari katjilakaän oelah ditampa?” Dina kasorang eta sadajana Ajoeb teu milampah dosa koe lambějna.

4. Ari sobat Ajoeb noe tiloe ngaranna nja kijeu: Elipas, Bildad djeung Sopar. Eta arangkat ti saenggon-enggonna, ngadatangan ka Ajoeb, sědja ngalilipoer ka andjeunna. Gek tjaralik dina taneuh, bareng djeung Ajoeb, lilana toedjoeh poë toedjoeh peuting, sarta taja noe misaoer ka andjeunna