Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/76

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
70


sorangan bae, soepaja ngoeninga ka andjeun.” Sabot eta keur mihatoer keneh, hol aja deui, sarta oendjoekan kijeu: „Aja seuneu ti Allah, ragrag ti langit, pek ngahoeroe ka domba Bareng ka boedjang-boedjang, dilěboer sadajana; doepi diri koering rahajoe, ngan koering sorangan bae, soepaja ngoeninga ka andjeun.” Sabot eta keur mihatoer keneh, hol aja deui, sarta oendjoekan kijeu: „Aja oerang Kasdim, make tiloe goendoek, pek pada njělémpěk ka onta-onta, seug dibawa sadajana; ari boedjang-boedjang disarabět koe seuseukeut pédang; doepi diri koering rahajoe, ngan koering sorangan bae, soepaja ngoeninga ka andjeun.” Sabot eta mihatoer keneh, hol aja deui, sarta oendjoekan kijeu: „Poetra andjeun paměgět-istri keur dalahar sarta ngaleueut anggoer; doemadakan, aja angin gede, datangna ti beh ditoeëun těgal lēga, děk naradjang kana opat djoeroe imah, toeloej roeboeh, moerangkalih teh katarindih, ladjeng poepoes sadajana.” Neut Ajoeb ngaděg, njosoëk djoebahna sarta diparas sirahna; toeloej njoeoeh kana taneuh, bari sembahijang. Ari pioendjoekna: „Koering ka loewar ti kandoengan indoeng satarandjang, sareng piwangsoeleun ka adjal satarandjang. Pangeran noe maparin, Pangeran noe njandak; sagala poedji ka padjěněngan Pangeran!”

3. Ari geus kitoe, hidji poë boeroeboel deui para poetra Allah, pada marěk ka pajoeneun Pangeran; seug Setan oge datang tjampoer ka eta, marěk ka pajoeneun Pangeran. Ladjeng Pangeran ka Setan marijos: „Naha maneh teu ngawaskeun abdi kami Ajoeb? Karana taja bandinganana di boemi; sarta masih pěngkoeh kana katěměnanana.” Ngawangsoel Setan teh ka Pangeran: „Koelit ganti koelit; saleresna lěbah djalma sagagadoehanana ge dibikeun ngaganti njawana. Nanging sawangsoelna, mangga andjeun njodorkeun panangan, keunakeun ka toelangna sareng ka dagingna; mo gagal tjoel ka andjeun, di pajoeneun andjeun pisan.” Ari timbalan Pangeran ka Setan: „Masing njaho, djinisna diselehkeun ka leungeun maneh; ngan njawana mah oelah dikijeu-kijeu.” Bral Setan teh ka loewar ti pajoeneun