Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/91

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
85


likkeun, aja angin ti koelon, rongkah katjida, mawa eta simeut, diragragkeun ka laoet Ager. Tatapi Pangeran ngaheuraskeun hate Piraon, teu ngidinan oerang Israil leumpang.

9. Tidinja Moesa njodorkeun pananganana ka langit, seug aja poëk boeta-radjin di sakoeriling tanah Měsir, tiloe poë lilana. Hanteu, aja noe bisa nendjo batoerna djeung teu aja noe indit ti pernahna, tiloe poë lilana; děmi ka sakabeh oerang Israil mah aja tjaäng dina sakoer ěnggonna tjitjing. Tidinja Piraon njaoer Moesa; seg ngalahir kijeu: „Djig bae, heg ngabarakti ka Pangeran; ngan sapi-domba maraneh tinggalkeun; sabalikna anak-anak maraneh hade bawa leumpang.” Pioendjoek Moesa: „Nadjan ingon-ingon koering sadaja dek dibantoen leumpang, karanten ti dinja koering bade njokot pikeun koerban.” Tatapi Pangeran ngaheuraskeun manah Piraon, seng ngalabir ka Moesa: „Geura los ti aing! koedoe ngadjaga diri, oelah manggihan-manggihan deui ka hareupeun aing; karana samangsa manggihan deui ka hareupeun aing, tangtoe dipaehan.” Pioendjook Moesa: „Lěrés pangandika andjeun; simkoering moal měndakan deui ka pajoeneun andjeun”

10. Aja timbalan Pangeran ka Moesa: „Kami rek ngadatangkeun balahi hidji deui ka Piraon djeung ka Měsir; sanggeusna kitoe eta pimereëun maraneh leumpang ti dijeu. Wantji těngah peuting kami dek ka loewar, ngiděran satanah Misir. Didinja sakabeh tjikal bakal paraeh, ti tjikal Piraon těpi ka tjikalna boedak awewe, kitoe deui sakabeh tjikal sato tjotjooan. Děmi ka sakabeh oerang Israil mah moal aja andjing noe ngoesikkeun letahna, soepaja maraneh pada nganjahokeun, jen Pangeran ngabinakeun di antara Měsir djeung Israil. Di dinja sakabeh mantri-mantri bakal ngaromong: „Mangga geura ka loewar, sampejan djeung sakabeh djalma-djalma noe ngariring ka sampejan.”

Katerangan. Sabab Piraon neuaskenn manahna, seug manah Piraon diteuaskeun koe Pangeran. Piraon emboeng ngamoeljakeun Pangeran ko djalan anoet kana timbalanana, nja eta noe matak Pangeran kérsa ngamoeljakeun salirana koe andjeun koe djalan ngabinasakeun ka Piraon.