Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/90

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
84


Ngan di tanah Gosen, enggon oerang Israil teja, hanteu aja hoedjan boewah. Geus kitoe Piraon ngoetoesan, njaoer Moesa djeung Haroen; seug dilahiran kijeu: „Aing sakali ijeu dosa; Pangeran teh leuwih běněr, balik aing reudjeung rahajat mah daroraka. Geura pada něněda ka Pangeran, moegi dimendjeuhan geledeg Allah djeung hoedjan boewah teh; geus kitoe maraneh koe aing tangtoe diidinan leumpang.” Tidinja Moesa djol ti Piraon, ka loewar ti dajeuh. Geus kitoe nadahkeun pananganana ka Pangeran; seug geledeg djeung hoedjan boewah teh areureun, sarta hoedjan geus teu ngoetjoer ka boemi. Ari Piraon toeloej neuaskeun deui manahna.

8. Moesa djeung Haroen ngadeuheusan deui ka Piraon, oendjoekanana: „Manawi djalma-djalma hanteu dipaparin leumpang, Pangeran bade ngadatangkeun simeut ka wěwěngkeran andjeun, lobana teu kapanggih di Měsir dongkap ka ajeuna.” Geus kitoe mantri-mantri Piraon aroendjoekan ka andjeunna: „Soemangga, eta djalma-djalma idinan leumpang; naha gamparan tatjan tingali, jen Měsir pigěmpoereun?” Ngalahir Piraon: „Saha teja noe bakal leumpang?” Ari pioendjoek Moesa: „Sedja ngabantoen kolot-boedak, ngabantoen anak awewe-lalaki; laleumpang teh sědja ngabantoen domba sareng sapi koering sadaja.” Lahiran Piraon: „Oelah kitoe! djalma lalaki mah heg laleumpang.” Seug Moesa djeung Haroen didjongklokkeun ti pajoeneun Piraon. Seug Pangeran ka tanah eta ngadatangkeun angin ti wetan; ari isoekna angin teh mawa eta simeut. Ari simeut teh datangna ngabroel, moeoek ka satanah Měsir, eunteup di sakoeriling wewengkeran Měsir, rosa katjida. Estoe ngalipoetan saloewar boemi, datang ka boemi kareueukan, sarta ngahakan sakabeh pěpělakan taneuh djeung sakabeh boewah tatangkalan; taja pisan noe kari di sakoeriling tanah Měsir. Gantjang Piraon njaoer Moesa djeung Haroen; seg ngalahir kijeu: „Tjing, hampoera dosa aing ngan sakali ijeu, sarta geura pada něněda ka Pangeran, soepaja ijeu maot bae moegi-moegi disingkirkeun ti aing.” Bral Moesa ka loewar ti Piraon, toeloej něněda ka Pangeran. Seug koe Pangeran {{hws|diba|dibalikkeun))