Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/89

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
83


katjida, asoep ka gědong Piraon, sarta aja di sakoeriling tanah Měsir, tatapi di tanah Gosen teu aja seungseureudan teh. Geus kitoe Piraon njaoer Moesa djeung Haroen; seug dilahiran kijeu: „Geura laleumpang, ngoerban ka Allah maraneh dina tanah jeu.” Pioendjoek Moesa: „Aja timbalan Allah, koedoe ngoerban ka andjeunna di těgal léga.” Lahiran Piraon: „Eta diidinan koe aing, ngan oelah djaraoeh teuing leumpang. Geura aing pangnědakeun!” Toeloej Moesa něněda ka Pangeran, seug seungseureudan teh njingkir ti Piraon djeung ti rahajatna; teu kari hidji-hidji atjan. Tatapi Piraon sakali ijeu ge nenaskeun manahna, hanteu koengsi djalma-djalma teh diidinan leumpang.

5. Tidinja ingon-ingon oerang Mesir koe Pangeran dikeunaän pagěboeg banget katjida. Heug sakabeh ingon-ingon oerang Měsir paraeh. Toeloej Piraon ngoetoesan, doemadakan, ingon-ingon oerang Israil mah hidji ge taja noe paeh. Tatapi manah Piraon teuas bae, eta djalma-djalma hanteu diidinan leumpang.

6. Tidinja Moesa djeung Haroen top njarandak lěboe pameuleuman; toeloej ngadareuheus ka pajoeneun Piraon, pek eta lěboe koe Moesa diawoerkeun ka langit. Geus kitoe ngadjadi bareuh, kasijatna kemboeng-kemboeng, di manoesa djeung di sasatoan; datang ka pandita-pandita teja teu kadaroegaeun nangtoeng di hareupeun Moesa. Tatapi Pangeran ngaheuraskeun manah Piraon; teu ngagoegoe ka arandjeunna.

7. Toeloej Moesa ngadeuheus deui ka Piraon, sarta ngalahir kijeu: „Pangeran bade noeroenkeun hoedjan boewah rosa, katjida; noe saroepa kitoe tatjan kasorang di Měsir ti poëan diadegkeunana, tepi ka ajeuna. Sakabeh manoesa djeung sasatoan noe piajaeun di těgal, banteu diasoepkeun ka imah, dimana katinggang koe eta hoedjan boewah, tanwande paraeh.” Seug saha-saha abdi Piraon noe sijeun koe pangandika Pangeran, ngageuwat badega-badegana djeung ingon-ingonna disina moeroe-moeroe ka imah. Ari koe hoedjan boewah teh kageboeg saniskara noe di těgal, boh manoesa boh sasatoan; kitoe deui saniskara pěpělakan kěbon, sarta sakabeh kakaian leuweung parotong.