Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/88

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
82

lega.” Prak Moesa djeung Haroen pada ngalampahkeun kitoe. Reh Piraon hanteu ngagoegoe, pek Haroen ngadjoengdjoengkeun iteuk, seng neunggeul tjai anoe dina bangawan. Toeloej sakabeh tjai salin roepa, djadi gětih. Ari laoek dina bangawan paraeh, sarta bangawanna baoe. Prak pandita Mesir ge pada njijeun noe kitoe pětana koe lantaran elmoena. Noe matak manah Piraon beuki heuras; toeloej moelih ka gědongna; hal anoe kitoe ge koe andjeunna hanteu dipadoeli. Tidinja sakabeh oerang Mesir pada ngarali sakoeriling bangawan, njijar tjai inoemeun; karana geus teu kadaroegaeun ngincem tjai bangawan. Pangkitoe teh djědjeg 7 poë.

2. Sanggeus kitoe, noeroetkeun timbalan Pangeran, Haroen njodorkeun pananganana ka loehoereun tjai-tjai Mesir; tjat bantjet aroenggah, wani ngalipoetan satanah Mesir, arasoep imah djeung kamar heës, malah aroenggah kaěnggon oerang Mesir, sarta arasoep sagala pangadonan. Prak pandita-pandita ge pada njijeun noe kitoe pětana koe lantaran elmoena. Tidinja Piraon njaoer Moesa djeung Haroen; seug dilahiran kijeu: „Geura něněda ka Pangeran, eta bantjet moegi disingkirkeun; geus kitoe djalma-djalma teh koe aing tangtoe diidinan leumpang.” Geus kitoe Moesa sasambat ka Pangeran tina hal perkara bantjet. Ladjeng Pangeran midaměl těroes sapihatoer Moesa; heug eta bantjet paraeh dina sahidji poë, wani tanah teh datang ka baoe. Ana Piraon geus waspadaeun, jen aja kasenangan, seug neuaskeun manahna, hanteu ngagoegoe ka arandjeunna.

3. Sanggeus kitoe, pek Haroen njodorkeun pananganana, njěkěl iteukna; djedak neunggeul ka taneuh pělědoeg noe di boemi; seug aja rambětoek, napoek ka manoesa djeung ka sasatoan. Ari pandita-pandita ge pada njijeun kitoe koe lantaran elmoena, malar ngaloewarkeun rambětoek, tapi banten barisaeun. Pok pandita aroendjoekan ka Píraon: „Ijeu teh panangan Allah!” Tatapi manah Piraon teuas bae, hanteu ngagoegoe ka Moesa djeung ka Haroen.

4. Ladjeng Pangeran ngajakeun seungseureudan rosa