Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/87

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
81

hanteu anggeus katangtoeau maraneh njijeun bata sapěrti kamari mangkoekna?” Tidinja pangoeroes oerang Israil ngadareuheusan, sasambat ka Piraon, ngelakkeun poerah ngagawekeun teja. Děmi timbalan radja: „Maraneh ngědoel, poegoeh ngědoel, kitoe noe matak sok ngaromong: Hajoe oerang leumpang, oerang ngoerban ka Pangeran! Ari ajeuna los laleumpang, geura digarawe, tatapi maraneh moal dibere sapoe, kitoe ge kamistian bata koedoe njanggakeun.” Toeloej pangoeroes teh ka loewar, papanggih djeung Moesa sarta djeung Haroen. Pok pada oendjoekan ka arandjeunna: „Pangeran moegi sing waspaos ka arandjeun, sareng ngaběnéran, sarehna baoe seungit koering sadaja koe arandjeun geus didjadikeun baoe bijoek ka pajoeneun Piraon, sasat njanggakeun pedang ka pananganana, pikeun mareuntjit ka koering sadaja.”

2. Ari Moesa sasambat ka Pangeran. Tidinja Pangeran nimbalan ka Moesa: „Masing nganjahokeun, maneh koe kami geus ditangtoekeun minangka Allah ka Piraon; ari Haroen, doeloer maneh, pidjadieun nabi maneh. Ari oerang Měsir bakal pada nganjahokeun, jen kami teh estoe Pangeran.” Tidinja Moesa djeung Haroen ngadareuheusan ka Piraon. Pek Haroen ngaloengkeun iteukna ka pajoeneun Piraon; seug djadi naga. Tidinja Piraon sabalikna njaoer djalma palinter sarta taroekang njampe (Jannes djeung Jambres, 2 Tim. 3:8); pek eta ge pandita-pandita Měsir pada migawe kitoe koe lantaran elmoena. Děmi iteuk-iteuk maranehanana diléglegan koe iteuk Haroen. Tatapi manah Piraon heuras, hanteu ngagoegoe ka Moesa djeung ka Haroen.

§ 31. Balahi oerang Měsir.

(2 Moesa 7-11.)

1. Tidinja Pangeran nimbalan 'ka Moesa: „Maneh isoek-isoek koedoe leumpang ka Piraon; koedoe koe maneh didagoan, pègat di sisi bangawan. Seg koedoe poepoelih ka dinja kijeu: Koering dipiwarang ka andjeun koe Pangeran, Allah oerang Ibrani; timbalanana: Oemat kami bere leumpang, sina ngabakti ka kami di těgal

6