Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/126

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Tjatoerkeun praboe ratoe tjalik dina korsi gading.

Sila noempang sangadoelang,
koemis nongkrong ngadjanggaong,
ngome koemis digoöngan,
djĕdoed koemis tjĕngkoeng goöng,
soeka seuri soeka ati,
bear mamanahanana,
ngadangoe noe tatabeuhan.

Oerang toenda tjarita noe dipestakeun.

Oerang tjaritakeun pawarang titipan tea noe djĕnĕngan Dewi Pangrĕnjĕp ajana di padalĕman.

Barang ĕnggeus kabedjaan ti sadaja ĕmban-ĕmban noe bebedja ratoe teh geus anom deui, gantjangna poetri teh, toeloej dangdan barï njaoer ka eusi boemi: "aeh, bibi, ratoe teh, kapan geus sepoeh, ajeuna geus anom deui; tjik, hajoe, oerang deuheusan."

Kotjap poetri anoe dangdan:
Sindjangna poerbanagara,
kĕkĕmbĕn soetra dewangga,
ka loehoer ngarompes gĕloeng,
nja sigĕr reudjeung pamĕnggĕr,
tapoek gĕloeng djeung kangkaloeng,
salobong sarangka awak,
tjĕplak noe bagal pinareup,
tjoemĕket bĕnten kantjana,
goemilĕr pamingĕl intĕn,
aloes pawarang noe dangdan,
langkojang awak wajangeun,
gilig pingping pantjoeh bitis,
indoeng soekoe nonggong lĕmboe,
pangaroeh merat angkatna,
taktak lir taradjoe ĕmas,
lĕnggik ramping lajoe koening,
panangan tanding gondewa,
pandjang pasipatan sotja,
ngintjĕr boeboedakanana,
tjoereuleuk seukeut bireungeuh,
poetĕr koeroeng di pangamboeng,
pangaroeh rea noe asih.

Geus poetoes anoe keur dangdan, enggalna teh toeloej angkat ngadeuheus ka praboe ratoe.

Teu katjatoer di djalanna, kotjapkeun geus soemping bae poetri noe rek ngadeuheusan.

Poetri ningali ka praboe ratoe, bd tetela geus anom deui, jaktos pisan saeusining bedja; harita poetri teh, kabĕdil langit manahna kabentar mega, poetri teh