Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/127

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

kalinglap manah, wantoe ratoe sakaroepa djeung ratoe noe tiheula, noe djadi pandita di Goenoeng Padang. Djeung deui Dewi Pangrĕnjĕp teh, hĕnteu oeninga harita digĕntos ratoe, maroekan tjaroge heubeul. Soemawonna praboe ratoe, teu roemaos lamoen pawarang teh, titipan batoer, raosna garwana bae. Langkoeng soeka manahna praboe ratoe.

Oerang toenda tjarios praboe ratoe.

Ooerang tjarioskeun anoe kagoengan pawarang, nja eta pandita di Goenoeng Padang.

Ningali ka noe eukeur soekan-soekan tapi manahna mindĕl, ningali ka pawarangna, nja eta Dewi Pangrĕnjĕp, kawasna sieun leungiteun toeroenan, wantoening pandita, basana keur djadi radja teu atjan kagoengan poetra ti pawarang noe doea tea, malah-malah njaoerkeun sadjĕroning kalboe ora kawĕdal ing lisan, ari basana: "eh badan, boemi, langit:

boeroeng djadi sawargana,
nandoerkeun pare ranggeujan,
sawah sakotak dipagĕr,
lĕbar tĕmĕn pawarangna,
bogana oerang noe doea,
geus tangtoe leungit wiwitan,
kantĕnan timboel wĕkasan,
wiwitan noe djadi ratoe,
tĕgĕsna nja badan oerang.

Tatapi noe matak soesah sabab tatjan boga anak ti oerang, geus tangtoe ti ratoe anjar jen bakal baroga anak, karana kitoe lampahna, teu beunang di pihapean, nja eta sapĕrti mihape hajam ka heulang."

Gantjangna pandita geuat bae tapakoer, nĕda-nĕda ka noe Kawasa, nja eta Hjang Widi, tina hajang kagoengan poetra ti pawarang noe doea, anoe geus katitipkeun tea, tapi mo boeroeng dipasihan koe Hjang Widi, tina bangĕt noe tapakoer.

Teu lila bĕt dipasihan tjahja noe leuih mantjoer. Toeloej kana madiagantang tjahja roepa hantiga, geus kitoe bĕt djadi doea pintĕrna anoe maparin.

Ari tjahja noe hidji ragrag ka sirah nagara ka pawarang pangsĕpoehna, ka Pohatji Naganing Roem, njoeroep ngabadjoe ngaraga soekma mandjing kana salira; tetela eta pawarang bakal kagoengan poetra pamĕgĕt sarta kasep.

Ari tjahja noe hidji deui ragragna ka padalĕman, ka pawarang panganomna, nja eta Dewi Pangrĕnjĕp anoe keur ngadeuheusan tea; tetela tjahja asoep ka djĕro wĕwĕtĕngan, geus tangtoe kagoengan poetra.

Barang geus kitoe, Dewi Pangrĕnjĕp harita toeloej sedjen raraosan dina eukeur ngadeuheusan, enggalna oendjoekan, ari pokna: "adoeh, goesti dalĕm agoeng, abdi sedjen teuing raos, tara-tara ti sasari, badan teh leuleus djeung teunangan, lalĕsoe barina toendoeh. Naon bae alamatna, sok matak soesah katjida, koerang tangan pangawasa, soemangga goesti, geura lahirkeun."

Ti dinja ratoe teh njaoer: "doeh, Njai, pĕrkawis anoe toendoeh tetela noe