Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/131

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

koer, kakang Lengser, soemping ka dieu, meureun dioetoes koe ratoe dipiwarang njaoer koering, ari noe matak disaoer, mo gagal moendoet dipangnoedjoemkeun pawarang doea, tatapi eta mah geus tangtoe pisan kabeh bakal boga poetra, ngan handjakal aja bobot saloeareun wewetengan ; enja, kakang, atawa lain?"

„Soemoehoen doeka, goesti mah langkoeng waspaos, abdi mah teu miloe-miloe kana kalakoean awon; soekoe abdi, samboeng lakoe biwir samboeng lemek, derma raga tanpa polah, ngan derma piwarangan."

„Sajaktosna, kakang Lengser, koering disaoer koe ratoe oelahbon marga siang, sanadjan wengi soemangga, tatapi mo ajeuna; kakang geura bral bae, ngan ieu kikintoen sanggakeun ka praboe ratoe, roepi tiloe perkara: kembang malati satjoengtjoeng, koenir sasolor, petak sapotong."

Geus kitoe, lengser teh moendoer barina mawa kikintoen. Teu kotjap di djalanna ; tjatoerkeun geus nepi bae ka pajoeneun praboe ratoe barina njembah koe tjokor.

Barang kitoe, ratoe teh njeuseul sapedah disembah koe soekoe, saoer ratoe: „ai, Lengser, naha sia ngoenghak tjampelak, bet wani-wani njembah koe tjokor, naon sababna?"

Lengser enggal ngawalon, pokna: „beu, goesti, abdi teh njanggakeun bebendoe, sapedah njembah koe soekoe, rasana lain dihadja, raos abdi kalepasan petak loempat tarik teuing, ari datang awak tibalik tojkor njoengoengoeng; soegan montong teuing dibalikan koe leungeun, goesti."

„Beu, ari kitoe mah, Lengser, ditimbang koe aing. Ari pandita mana? Aja atawa euweuh ?"

„Aja teu aja."

„Naha ngawalon teh bet kitoe," kapan aja, kapan teu aja."

„Beu, goesti, noe matak diseboetkeun „aja teu aja" teh kieu: kaajaannana kapendak koe djisim abdi, ari ka teu ajaanana bet teu kapadoeng patjoel koe abdi."

„Naon teu kapadoeng patjoel?"

„Soemoehoen teu kabawa."

„Ari manen mawa naon eta?"

„Soemoehoen ngabantoen kikintoen ti Goenoeng Padang, tapi doeka teuing piroepaeunana mah."

Enggalna koe ratoe toeloej ditjandak sarta diboeka.

Barang diboeka, sidik eusina malati satjoengtjoeng, koenir sasolor, petak sapotong.

Ti dinja Praboe ratoe ngalahir: „Lengser, ieu teu djamak teu moepakat, ngirimkeun roepa kieu ka ratoe ; tatapi mo salah pandita teh njilokaan koe ba- rang kieu roepana, tapi aing hanteu soesah nadjan disilokaan oge, mo boeroeng diroepakeun kitab noe tiloe perkara, indjil, toret, kalawan djaboer.

Oerang toenda noe keur goenem tjatoer praboe ratoe djeung Batara Lengser.

Oerang tjarioskeun pandita di Goenoeng Padang. Niat bade ngadeuheusan ka praboe ratoe, tatapi eta lampahna sok bisa mantjala poetra, geus kolot sok bisa ngora. Ari harita mah pandita keur meudjeuhna tengah toewoeh.