Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/132

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

96

Enggalna ki pandita, ngajadikeun maneh aki-aki, tuluy rĕp sidakĕp sinuku tunggal, emut purwa daksina, purwa iku wiwitan, daksina wĕkasan, bari ngelingkeun ajianana, ajian dadali putih, ĕta jampe paranti leuleumpangan supaya gañcang.

"Aji ku dadali putih,
mangungkung saluhuring kuwung-kuwung,
mangangkang saluhuriang maja gantang,
calik dina tampu angin,
dat sarapat, dat sarapat."

Enggalna kadia kilat datangna ka payuneun ratu.

Geus kitu, ratu teh ningali, ñaur ka Batara Lengser: "Ai, Lengser, ieu aya aki-aki urang mana?"

"Sumuhun pariksa, gusti, eta teh ti Gunung Padang, ña eta pandita tea."

Tuluy ratu ñauran ka pandita: "Eh, ki pandita, bagea, ser ka dieu masing deukeut, diuk sapanglulungguhan."

"Sumuhun pariksa, gusti, nu mawi abdi dumeuheus, wireh ing tina abdi disaur ku kĕrsa dampal gusti."

"Ĕña, nu matak disaur ku urang, kawantu añar pinanggih, jeung deui urang teh dek menta dipangnujumkeun, pedah pawarang urang duanana keur bobot, hayang ñaho pianakeunana awewe atawa lalaki, geura pok, geura sĕbutkeun, montong make diïlo diparimbonkeun, diteang dina kitabna, diïlik dipalar bukti, geura pok bae omongkeun."

"Bo, sumuhun, satimbalan gusti, mundut dipangnujumkeun pawarang, madak-madak kapandukan, ka tuang piuñjuk abdi, eta geus tetela pisan, yen bakal kagungan putra tina pawarang nu dua, samalah pamĕgĕt kabeh."

Geus kitu, ratu teh pusing, sapedah raosna salah, saurna: "Eta salah kacida pandita, nu hiji eta pawarang saĕñana ngandung kawali, nu hiji deui ngandung bokor kañcana; urang teu suka kacida, ayeuna mah ki pandita taur rasa binasa, alamat rek ditĕlasan."

Ratu tuluy narik curiga, tatapi eta curiga kokotak tina sarangka, tapi lain dek teurak, ña eta bĕt edek tobat, ku sabab eta nu kagunganana.

Barang pek diungkulkeun duhung kana patuangan, tuluy morongkol, sumawonna lamun teurak da eta nu kagungan.

Ratu beuki tambah napsu, raosna asa dilawan: "Eh pandita maneh teh ngalawan, dipenta pati teh baha, seg tarung jeung aing, sabaraha taun pĕrang, sabaraha bulan mo burung diladenan."

"Bo Gusti, lain baha, ulah bon sinĕja perang, ngalawan teu pisan-pisan; ari pĕrkawis pati dipundut sumangga pisan."

Barina pandita tungkul ngaluarkeun sukma, lajĕng pandita teh pupus, teu kalawan ditĕlasan.

Geus kitu, ratu teh ñaur ka Lengser: "Eh Lengser, bet matih aing betan pandita, geuning pandita geus paeh."

"Matih pandita manan gamparan."

"Naha kumaha nu matak kitu?"