Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/136

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
100
 

baha, koedoe daek bae, djeung deui: lamoen maneh teu ngagoegoe, kadjeun teuing, aing teu boga pawarang, maneh oge geura indit, oelah rek aja di dieu.” Tatapi poetri teu indit, ngamanahan pilampaheun.

Oerang toenda tjarita poetri djeung radja.

Oerang tjarioskeun Naganing Roem, anoe diseuseul di sirah nagara gawena teh eukeur nangis, malah-malah bobot keur boelan alaeun.

Geus ninggang doeawelas boelan, taoenna di taoen Alif, boelanna ge boelan Moeloed, dina tanggal opatwelasna poëna, poë Djoemaäh, tetela poetri rek babar, njaoer ka eusi boemina, ka noe ngaran Sangkleng Larang, kadoea djeung Timbak Larang, miwarang neang paradji. Enggalna teh eusi boemina rek toeloej neang paradji, tatapina hanteu manggih kawantoe hese katjida paradji ngan aja hidji; kitoe ge geus disoempoetkeun koe iboe Aria Banga ajana di padaleman.

Geus kitoe, eusi boemi Sangkleng Larang beak paideranana, toeloej bae ngadeuheusan ka iboe Aria Banga.

Kotjapkeun geus datang bae. Mando di pajoeneun goesti, poetri; karepna noe ngadeuheusan, eta rek geugeulis panon naroskeun paradji tea.

Dewi Pangrenjep ngalahir: „aeh, emban, arek naon ajeuna datang ka oerang, tara-tara ti sasari tjoendoek roesoeh datang, geura dek naon nja pibedjaeun, palangsiang embok Naganing Roem bade babar.”

Eusi boemi pek ngawalon: „soemoehoen timbalan goesti, lain djoeragan rek babar, babarna mah tatjan poegoeh, doeka tiloe boelan deui, doeka opat boelan deui, naroskeun soteh paradji abdi teh bade sewaka, rek njangtjangkeun istri ka paradji, bisina hese djagana ari rek diala.”

Ari tjeuk Dewi Pangrenjep: „mo teuing, mo bobot sakitoe heubeulna, malah- malah oerang mah basa keur babar teu pisan make paradji, soemawonna Ioba-loba hidji ge teu pisan-pisan,” barina poetri beh dangdan. Geus dangdan, toeloej oendjoekan ka praboe ratoe.

Koe ratoe geus kaïdinan. Enggalna nji poetri indit, leumpang ka sirah nagara rek ngalajad Naganing Roem.

Barang datang, tetela teu atjan babar, toetoej bae sasaoeran noe geulis Dewi Pangrenjep, nja eta ka Naganing Roem, ari pokna: „aeh, embok, koetan teh bet atjan babar?” Naganing Roem toeloej nangis barina sasaoeran: „eh, Njai poegoeh enja, atjeuk teh teu atjan babar, boa-boa poë ieu, da geus sedjen rarasaan; tjop nja beuteung, tep nja tjangkeng, rarotjop bae bobokong, moerangkalih rasana ngaroeang-roeang, merengpeng nja parinikan. Njai, soekoer ajeuna ka dieu, koering teh bade naroskeun da Njai mah enggeus babar, koe saha diparadjian?”

Ari tjeuk Dewi Pangrenjep: „koering basa keur ngadjoeroe da hanteu make paradji, ngan tjoemah kias tarekah, malah-malah tjepil oge ditjotjokan, soepaja henteu ngadenge gandeng, sotja dilampat koe malam, aja teu teloeh baradja ningali getih. Geura, mangga, atjeuk oge oerang kias tarekahan da mo beda tina raraosan koering.”

Prak barina dipaksa, panangan dikatoekangkeun, sartana bari dibanda dihoeroen; koe tjinde kembang ditalian pananganana nji poetri. Djeungna deui, toeloej ngahaneutkeun malam; panas-panas dilampatkeun kana sotja, ditjotjokkeun kana tjepil.