Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/139

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
103
 

kataradjang koe kasoesah, keur heran mikiran, Lengser ditanja hanteu nembalan, eta koe naon sababna?”

Ari tjeuk Dewi Pangrenjep: „noehoen sareboe, gerah salaksa, beurat njoehoen, beurat nanggoeng, beurat narimakeun, inja, goesti goeroe dalem agoeng, Lengser teh, noe matak kitoe, sabab keur njandang wiwirang, wirang koe pawarang tea, koe embok agoeng Naganing Roem ngadjoeroena henteu oemoem reudjeung batoer teu moepakat djeung baraja, poetrana bet djiga andjing, tangtoe Lengser miloe era kawantoe Lengser kakasih.”

„Paingan, Njai, Lengser teh dipariksa bet teu nembalan manehna miloe eraeun.”

Kadenge pisan koe Lengser, ratoe nimbalan kitoe sasaoeran djeung poetri, atoeh Lengser seuseurian; indoeng beloet bapa loebang tjakakak noe kahatoeran, pikir Lengser: aing teu dipariksa deui tan wande rahajoe badan, djadi naha lamoen tadi pek ditembalan, ajeuna mah aing atoh.

Geus kitoe, ratoe teh mariksa deui ka eta Batara Lengser: „aih, Lengser, maneh njaho anakna Nji Naganing Roem siga andjing?”

Lengser teh toeloej amitan, hanteu nembalan, api-api rek ka tjai, hajang ngising bari ngomong: „djeung boesiat pajoeneun ratoe mah, mending diïsingkeun heula.”

Tjeuk ratoe: „geura djor, geura modol, indit geura ngising, indit geura ngaweloe, bisi aing baoe.”

Geus kitoe, Lengser teh loempat. Barang datang kana sisi djalan, reg ngahoeleng,

ngahoeroen baloeng koe toelang,
ngagogol kontol koe tjokor,
ngabeulit sirit koe bitis,
ngadjentoel handapeun tandjoeng,
ngadagoan noe ngaliwat,
rek nanja pipoekoelaneun,
soepaja rahajoe badan,
wantoe Lengser eukeur soesah,
soesah sieuneun koe ratoe,
bet djol aja noe ngaliwat,
ewena djeung salakina,
koe Lengser geuat ditanja,
ditjeloek sapedah djaoeh.

Tjeuk Lengser: „hoeh, indoeng sitoeëun, bapa sitoeëun noe ka ditoe, ka dieu, dewek rek nanja heulaän! njaho silaing anak andjing?”

„Njaho batoer oge.”

Lengser loempat deui bae ka pajoeneun ratoe, sapedah geus meunang piomongeun.”

Ari geus datang, pek dipariksa: „geuat, Lengser, aing rek nanja.”

Pek Lengser mando. Tjeuk ratoe: „eta maneh njaho jen boedak teh siga anak andjing?”

„Soemoehoen njaho.”

„Batoer noen, tetela?”