Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/138

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
102
 

nini paradji; geuning, tjeuk nini paradji, tjeuli teh oelah sadenge-dengena ari lain dengekeuneuna, biwir teh oelah saomong-omongna ari lain omongkeuneunana. Naha, ari ilaing biwir teh djangdji ngagaplok, biwir teh njiroe rombengeun, tjeuli teh tjeuli lentaheun: koemaha lamoen kadangoe koe itoe pawarang ratoe, ilaing tangtoe disiksa.”

Kabeneran teu kadangoe koe eta Dewi Pangrenjep. Ti dinja pek njaoer Lengser pokna: „aeh, Lengser, geuat maneh geura leumpang, geura oendjoekkeun ka ratoe pedah ieu poetrana bleg djiga andjing.”

Gantjangna Lengser ngawalon: „soemangga, djoeragan istri, abdi teh amit doemeuheus.” Bari omongna poen Lengser: „koetan djiga anak andjing poetra teh,” bari toeloej Lengser loempat bade oendjoekan ka ratoe.

Loempat lemboet manggoet-manggoet,
tjongklang leupas mamandapan.
bawaning koe tarik loempat,
kesangna Batara Lengser,
gorolong noe tina tonggong,
sagede boeah bintaro,
baralang noe tina tarang,
sagede boeah tjaroeloek.

Barang dongkap ka tengah djalan. Lengser teh eureun; toengkoel bari maroed, tanggah ngahampelas koedjang. Lengser tjitjing bari mikir, ngomong sadjeroning kalboe; ari tjeuk pikiran Lengser: eh badan kaniaja teuing, pagar maneh boedak siga anak andjing, poegoeh sidik dipalidkeun. „Keun bae”, tjeuk Lengser, „rek didoa'keun bae masingna moeloes rahajoe, soegan bae bisa prihatin djaga ge dikaoelaan. Tatapi koe langkoeng bingoeng koemaha ngoendjoekkeunana, ari rek dioendjoekkeun siga andjing da poegoeh ge lain; eta teh soesah katjida koe sabab rasiah gede. Ah, elmoe toengtoet doenja-siar, gawe paksa, djinah maling sambil bae rasiah oelah kaloear djeung bidjil tina biwir mah, kadjeun bidjil tina gegemboeng, sababna ieu rasiah lain omong-omongkeuneun, tatapi ari ngadeuheusan mah mo boeroeng, sieun dipagarkeun baha kana piwarangan menak, ngan oepama datang mo nembalan bae djeung boeka rasiah mah, anggoer kadjeun diteunggeulan.” Gantjangna Lengser teh loempat tina pangeureunanana.

Teu katjatoer di djalanna da djaoeh mo boeroeng tjoendoek, anggang tan wande datang ka pajoeneun kangdjeng ratoe, mando bari ngadeuheusan.

Enggalna ratoe mariksa: „gebes kadia banteng getem kadia matjan? Aeh, Lengser, maneh tjoendoek roesoeh datang geura, koe boedi kawas noe risi, oelat roepa siga reuas, dek naon?”

Lengser hanteu ngawalonan, toengkoel bari goera-garo.

Ratoe teh mariksa deui: „koe naon, Lengser, teu gantjang-gantjang nembalan, aing mah bet rada bingoeng.”

Lengser tjitjing keneh bae.

Moetoeh hanteu ngawalonan, kaboeroe bae soemping pawarang ratoe, nja eta Dewi Pangrenjep ti sirah nagara. Toeloej bae dipariksa koe ratoe: „aeh, Njai, soekoer pisan ajeuna kaboedjeng soemping, poegoeh akang moetoeh bingoeng,