Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/141

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
105
 

lamoen pandoek djeung gamparan,
ka toeang pioendjoek abdi,
goesti anggoer geura dangdan,
anggoer oerang angkat bae,
ka ditoe ka patamanan,
geura siram ka moeara,
diadjar soesoetji diri,
diadjar leletra badan,
njenen kemis oenggal kemis,
kanaat oenggal djoemaah,
ngalaloe oenggal saptoena,
poeasa oenggal salasa,
nja djoeragan geura tapa."

„Ngalaloe di oenggal minggoe, soegan bae poetra soemping isoek djaganing pageto."

Naganing Roem toeloej nangis bari sasaoeran bae: „doeh, kakang Lengser, soekoer sareboe, koering tan wande salamet lamoenna kitoe petana."

Gantjangna pek bae dangdan barina nganggo bebenting,

taarna dipilas hideung,
barina njandak barera,
toeloej njaoer eusi boemi,
noe ngaranna Sengklang larang,
kadoea djeung Nembak larang.

Toeloej bae Naganing Roem angkat bari diïteuk barera.

Angkatna didjaragdjagkeun,
wantoe noe hoedang ngadjoeroe,
angkat bari leuleuweungan,
sedjana ka patapaan,
diïring koe emban doea,
katiloe Batara Lengser,
sarta nangis sadjadjalan,
ditjindoeng koe tjinde woeloeng,
toengkoel njoesoetan pangamboeng,
tanggah njoesoetan tjisotja,
dongkapna ka patapaan,
Lengser toeloej sasaoeran,
ka noe geulis Naganing Roem.

Ari pokna Kai-lengser: „tah, nja ieu, goesti, patapaan teh; soemangga, geura tatapa."

Demi tjeuk Lengser: „soemangga, goesti, koe abdi didoa'keun moega sing loeloes rahajoe djeung deui masing salamet."

Gantjangna Lengser teh amit rek balik ti patapaan, loempat ka sirah nagara kaoeroet poetri babar. Barang kasampak noe siga andjing tea diwadahan koe ajakan, koe Lengser toeloej diboeka, sarta Lengser toeloej ngomong barina baba-