Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/142

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
106
 

njolan: „euleukeudeuheu bedog, soemoer katoeroeban njiroe, balegbreg ragrag ka para, saoemoer kakara nimoe ngadegdeg bari kakara. Koetan andjing siga kitoe, padahal ieu teh santen, lain andjing saenjana," bari prak bae diboeang. Koe Lengser teh dialoengkeun sarta barina disapa, tjeuk Lengser: „moega-moega masing djadi pamoendjoengan andjing Galoeh."

Ana ragrag andjing teh ka Bodjong Galoeh—mana nepi ka ajeuna aja pamoendjoengan andjing Galoeh, eta kitoe asalna.

Geus kitoe, Lengser teh soesah, rek balik, isin koe ratoe kawantoe dipiwarang nelasan Naganing Roem henteu toeloes, malah-malah, tjeuk ratoe mah, koedoe kabawa sirahna, akir-akir teu toeloes, tah kitoe noe matak soesah.

Tjeuk Lengser: „koe naon digantianana mastaka djoeragan istri? Ari rek oengah-engoh lengoh, mo pihadeëun da geus saperti: neukteuk tjoeroek dina pingping, tamiang meulit ka bitis: malindes, ratoe teh meuntjit ka dewek."

Eukeur kitoe, doemadakan aja liwat djalma paroelang ti leuweung, tatapina henteu lengoh wantoe noe balik ti leuweung aja noe narik, hoeroenan soeloeh djeung noe mawa kompetan daoen.

Koe Lengser pek diawaskeun, ari geus tetela awas, koe Lengser didangding dipake omongan ka ratoe. Tapi Lengser ngomong deui: „eh, lain kolot kakara sapoë, elmoe da geus ngandoeng, pangawasa enggeus ngantongan, pangareti enggeus ngeusi."

Ngadjoegdjoeg ka padaleman, ka praboe ratoe tea, sedja rek ngabohong.

Teu katjatoer di djalanna, tjatoerkeun geus nepi bae ka pajoeneun ratoe Galoeh.

Datangna onggeng angglekeng, laj mando njembahna koe tjokor. Atoeh ratoe teh njeuseul ka Lengser da disembah koe tjokor: „ih, batjot! loekak djapakan temen, maneh teu ngadab, naon sababna mana wani-wani njembah koe tjokor ka aing!"

Tjeuk Lengser: „doeh, goesti, njoehoenkeun bebendoe, bobot pangajon, timbang taradjoe, hoekoem adil pangadilan, sadaja aja di goesti. Noe matak njembah koe soekoe, abdi teh kapoekoel bingoeng, kataradjang koe soesah pedah timbalan gamparan abdi teh koedoe maehan poetri."

Toeloes atawa henteu?"

„Hoeroen soeloeh, kompet daoen, tarik balok, geredeg ka tegal eurih."

„Koemaha geus kitoe?"

„Goesti langkoeng oeninga da aja omongan: tjirining wong ngamaling tandaning wong ngadjinah, ngatjir bae kembang eurihna."

Ti dinja teu lila, tjeuk Lengser: „hoeroen soeloeh, kompet daoen, tarik balok, deregdeg dibawa ka tegal koneng, kagoengan gamparan kembang lampoejang, tongtak saradat, bras broel pake ngatjar akar tangkal poetjoek daoen, kembang koneng wawadoelan."

Tatapi ratoe teh mariksa deui bari goemoedjeng, sapedah omongna kitoe saoerna: „kajoengjoen teuing silaing bisa maehan."

„Soemoehoen, bisa koe tjatoer, noen."

„Koemaha geus kitoe?"

„Teu lila hoeroen soeloeh, kompet daoen, tarik balok deregdeg dibawa ka Bodjong

——————————