Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/151

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
115
 

kalampoedan koeöeng-koeöeng,
kalampatan mega bodas.

Datangna ka madja gantang, pek moerangkalih eureun bari ningalian noesa tigang poeloeh tiloe, bangawan sawidak lima.

Sanggeus katingali aja nagara, nja eta nagara ramana tea, nagara Galih Pakoean. Malah-malah aja noe katingali pisan di boeroean padaleman tetela moerangkalih Aria Banga keur diasoeh koe pertoemenggoeng, diaping prabopati, dipirig koe tatabeuhan wantoe poetra ngan sahidji.

Sanggeusna katingali koe moerangkalih, toeloej mikir barina pek sasaoeran ari pokna: „geuraheun teuing anoe kagoengan iboe rama moerangkalih wani diasih koe paratoemenggoeng, dipirig koe tatabeuhan. Ari seug diri sorangan, djelema kateler-teler, dioek dina batoe semper; soegan bae djaga mah kaemper-emper.”

Sanggeus kitoe, moerangkalih teh ningali deui ka handap, ningali Nini djeung Aki eukeur sare tibra pisan. Bari toeloej dipisaoer koe moerangkalih di loehoer, saoerna: „karoenja teuing, koe Aki djeung Nini abong sare beunang njirep taja pisan kaelingan, wani tjeulina pinoeh koe peuti, panon dilampat koe sireum, palangsiang matak doraka. Hajang teuing bisa moelang tamba ka Aki djeung ka Nini, dek diadjar njieun lemboer, tatapi hajang oelah kalawan koe anggahota, palangsiang mo bisa, lamoen teu kabawa koe anggahota.”

Tatapi keur mikir kitoe, toeloej bae moerangkalih kapandjingan koe soekma tea, prak bae moerangkalih njipta babakan di Geger soenten; doemadakan aja bae lemboer aloes pisan.

Geus kitoe, moerangkalih toeloej toeroen balik kana lemboer tea; teu katjatoer di djalanna; gantjangna, geus datang bae.

Barang datang, Aki kasampak masih keneh sasarean reudjeung Nini.

Nini djeung Aki digeuingkeun, toeloej bae hararoedang.

Barang ningali nini-nini geus aja lemboer, henteu njana jen beunang moerangkalih njipta, nini-nini toeloej tjeurik barina nanja ka Aki, ari pokna: „Aki, kaoela koe langkoeng heran mikiran ka moerangkalih, tadi-tadi dipepende, ajeuna njaritakeun datangna ti mega malang djeung ieu bet aja imah. Naha, ieu lemboer saha, mana aloes-aloes teuing; palangsiang djol noe boga, oerang daek-daek leboer toetoempoeran, paeh dipontrang heulang, didjodjo wet deungeun, sabab ieu lemboer saha?”

„Aeh, Nini, montong dipake heran sangeunah sabab ieu aja lemboer dadamelan moerangkalih, koedoe eling, Nini teh, ka basa katoekang, geuning basa eukeur ngajoen moerangkalih teh diwarah koe Nini nitah: kemploeng mapas di alas titah mabakan koe Nini. Ajeuna geus aja boekti, aja lemboer aloes pisan, nja ieu noe boga djieun njata teh moerangkalih.”

„Aeh, Aki, teu njana teuing, moerangkalih keneh, bet geus bisa njieun lemboer. Atoeh, ajeuna mah noehoen sareboe, gerah-gerah salaksa, beurat njoehoen, beurat nanggoeng, beurat narimakeun inja.”

„Ngan perkawis ajeuna asep meudjeuh, oelah angkat-angkat deui, da enggeus rioeng moengpoeloeng, aja Nini, aja Aki reudjeung djoeragan.”

„Mo ajeuna mah, Eni, sasemet ajeuna katoekang kahareup mah koemaha deui