Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/152

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
116
 

da adatna koedoe njaba, ngan ajeuna koering ka Eni aja panoehoen, koering teh koe hajang hajam djago atawa bikang, lamoen diajaän hajam, hate koering meureun soeka.”

„Aeh, asep, Eni mah teu boga hajam.”

Bari Nini toeloej poesing, ngomong njarekan ka Aki, pedah moerangkalih aja pepentaanana.”

Ari pokna: „Aki, oelah sok tjitjingeun, ajeuna, djig, geura leumpang, Aki geura njiar hajam, sartana koedoe meunang. Lamoen Aki henteu meunang, koela geura serahkeun bae, koela geura talak tiloe, nadjis aing katjitjingan, henteu soeka kaäjaän, geura djor moen geura mantog!”

Aki anggoer seuri: „aeh, Nini sakeudeung-keudeung serahkeun, abong-abong nja bikang, biwir sok njiroe rombengeun, tjeuli sok tjeuli lentaheun, pagawean ngan ngetjebrek. Ajeuna mah, oelah kitoe, oerang teh dek leumpang bae.”

Bari toeloej Aki dangdan.

Amitan ka moerangkalih, ari pokna: „djoeragan, hatoeranan intjoe boeboe paranakan sair bintjang, ajeuna teh, Aki amit rek njiar hajam tea.”

„Montong waka leumpang, Aki, da geuning bareto aja endog di djero kanagan; ajeuna mah, tjik, geura tjokot koe Aki.”

„Aeh, djoeragan, adoeh enja bareto teh aja endog, palangsiang djadi kotok bongkok katjingtjalang.”

„Mo, Aki, ajeuna mah tjokot bae.”

Top koe Aki ditjokot di djero kanagan tea, bari toeloej disanggakeun koe Aki ka moerangkalih.

Ari pokna: „soemangga, djoeragan, ieu endog teh, ajeuna dek dikoemaha da endog teh ngan sahidji?”

Ari tjek moerangkalih: „ajeuna mah endog teh rek dibawa bae leumpang ka Goenoeng Padang, kapan bareto oge, tjek Aki, aja Naga Wiroe eukeur tapa di Goenoeng Padang. Ajeuna dek dideuheusan koe koering, soegan bae kersaeun njileungleuman endog tea; koe koering rek diteda poeroenna.”

Tjek Aki : „nja, mo boeroeng daekeun.”

Gantjangna moerangkalih toeloej leumpang bari njandak endog hidji.

Teu katjatoer di djalanna; kotjapkeun datangna bae.

Toeloej bae ngadeuheusan bari pioendjoek sakali ari pokna: „agoeng-agoeng bebendoe, Naga, abdi njoehoenkeun paidin doemeuheus ka kersa Naga.”

Naga toeloej bae moeni, tapi omonganana hanteu beres tjara oerang, ngan oekoer bisa njeboetkeun „kok.”

Pok deui bae moerangkalih ngawalonan: „anoe matak ngadeuheusan, koering hajang dipangnjileungleumankeun endog hidji, sartana koedoe megar.”

Tjek Naga: „kok.”

Pok deui ngomong moerangkalih, ari pokna: „opatpoeloeh poë koedoe bae bisa megar boeloena sore-isoekeun, isoek-isoek koedoe roepa poetih koening radjeg wesi, dengdek lohor koedoe djadi koelawoe santoel.”

„Kok,” tjek Naga.

Tjek moerangaalih: „djeungna deui, pamatoekna tegoeh rahajoe, djawer aprak