Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/158

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
122
 

inditna djeung kinasihan,
toeloejna djeung pangaweroeh,
leumpangna djeung pangabisa,
tapi loba papanggihan,
basana menak keur angkat,
manggih loetoeng moemoeloedan,
manggih oa keur ngadoa',
manggih monjet goreng gawe,
gawena maling berekat,
resep teuing doa' oa,
ditoeroetan bari leumpang,
leumpang koe Tjioeng Wanara.

Ari pokna doa' tea: „Mohoematjanir kondang salamet dewek sorangan.”

Toeloej bae anoe angkat,
beh deui manggih gogoda,
aja doedoet eukeur ngangkloeng,
kadantja noe ngagantjangan,
djogdjog noe poerah ngengklokan,
towed poerah ngaroëlan,
ditoeroetan bari leumpang,
loemajan tatamba keueung,
doeroegdoeg enteg-enteg tjroeng,
gantjangna menak noe angkat,
geus dongkap ka heuleut alas,
deukeut kana katja-katja,
nagara Galih Pakoean,
djaoeh sapanjeloek deui,
pek Tjioeng Wanara eureun,
dina loehoer batoe datar,
sahandapeun tandjoeng noenggal.

Tjioeng Wanara ningali kana katja-katja tea, beh aja noe ngadjaga dina katja-katja djoemlahna aja tiloean. Ngaranna eta djelema: hidji Aki Geleng Pangantjingan, doea Aki Koeta Kahiangan, katiloe Jaksa Majoeta noe djangkoengna doearatoes limapoeloeh gas tea.

Ari tjeuk Jaksa Majoeta: „hahaj! bet baoe teuing djelema, lamoen koe aing kadeuleu, geus tangtoe bakal dihakan, soepajana teu kadeuleu.”

Ari tembalna anoe doea: o! mangke mas, sampean oelah waka kitoe nja omongan, oerang teh dangoekeun heula, sabab oerang pangaja di dieu, dioetoes koe ratoe Galoeh piwarang ngadjaga lawang, bisi aja noe rek goreng hatena asoep ka nagara ieu noe matak koedoe didjaga.”

Tjeuk Jaksa Mahajoeta: „atoeh enja, henteu salah pikir oerang nja kitoe pisan, ngan dewek koe enggeus heubeul hanteu ngahakan djelema, ajeuna, saha bae noe ngaliwat, geus tangtoe bakal dilebok.”