Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/159

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
123
 

Geus kitoe, kadangoe koe Tjioeng Wanara ari saoerna didjeroning manah: eta djelema tangtoe bakal nganiaja, tapi koemaha akalna soepaja oelah datang ka tjilaka, ah, leuwih hade dipipahokan koe aing.”

Prak bae mapatkeun adjianana. Geus terap ka djalma noe ngadjaga tea, datang ka teu bisa nendjo ka Tjioeng Wanara.

Ladjeng Tjioeng Wanara ngaliwat ka katja-katja.

Barang datang ka pasar, katendjo koe oerang pasar,

tapi matak kaedanan,
tina sakitoe kasepna,
djalma loba geus ngagoeroeh,
paboeroe-boeroe nendjokeun,
matak reuntas randjang waroeng,
matak tibrobot golodog,
pake nongton noe ngaliwat,
awak ing koe tina kasep,
loba anoe sisindiran,

Ari pokna:

„itoeh, euj, salaki saha,
lamoen seug salaki oerang,
tjara sakitoe kasepna,
ka tjai meureun diais,
ka pasar meureun dibawa,
ka lisoeng di poenggoe-poenggoe,
ngoendeur ka leuweung diakeup,
diakeup hamo di toekang,
kadjeun digesoh di hareup,
bisi direboet koe batoer,
warna omong djalma loba,
bawaning koe tina bogoh,
tapi montong diketjapkeun,
loba teuing omongkeuneun,
kotjapkeun gantjangna bae,
datangna ka tengah pasar,
aja hidji noe katjatoer,
nini-nini langkoeng kaja,
ngaran nini nini soegih,
kabedjaan koe sadaja,
bet aja noe kasep liwat,
geuat nini soegih dangdan.

Geus dangdan megatan di djalan ka Tjioeng Wanara, bari toeloej ngarontokan sarta tjeurik, ari pokna: „ieu teh bet intjoe eni, ajeuna teh datang deui, paingan, ti peuting kaimpi soemping, ti beurang kaetang datang. Ajeuna sidik boektina, hajoe! asep oerang balik.”

Tatapi eta mah palsoe, lain nini saenjana.