Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/160

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
124
 

Ari tjek Tjioeng Wanara: „nini teh, saha nja ngaran, wani ngarontok ka koering? Tjing, koering geura tingali masing sidik roepana koering.” Nini-nini toeloej tanggah,

ditendjo kana rarajna,
meni serab katendjona,
nini-nini ngeloek deui,
kawas boeeuk beunang maboek,
bawaning koe tina isin,
tatapi pek baë naros,
ari pokna: „eh djoeragan,
ti mana nja lemboer matoeh,
ti mana dajeuhna maneuh,
nagara antjik-antjikan,
bandjar karang panglajoengan,
nja bale geusan ngadjadi?”

Djawab Tjioeng Wanara:

„dipariksa lemboer koering,
djaoeh-djaoeh ti babakan,
ti babakan padoesoenan,
katelah pagoegoenoengan,
ari ngaran djisim koering,
njai ieu Ki Bagoes Langka.”

Koe nini, enggeus kapikir, ari pokna: „aeh, kasep, paingan teuing ngaran teh Ki Bagoes Langka, da langka kapanggih koe eni.”

Gantjangna toeloej diakoe, dibawa njimpang ka lemboer barina disoegoeh-soegoeh, tapi teu daekeun barangdahar wantoe tara saoemoerna.

Koe nini ladjeng ditaros: „naha henteu barangtoeang?”

Walonna Tjioeng Wanara: „lain nampik ka pangasih, ngan koering teu atjan pareng kana hajang barangtoeang, hajang soteh ngadoe hajam.”

Tjeuk nini soegih: „adoeh, goesti, hajang ngadoe mah, soemangga da eni dipihapean sahidji hajam koe ratoe, ari hargana hajam doearatoes pasmat sahidji. Tapi rek diadoekeun, mah, soemangga bae, kadjeun teuing hajam anggoer kadjeun ngagantian da eni soeka katjida.”

Tjeuk Tjioeng Wanara: „atoeh eni, hajoe oerang teang di mana ajeuna eta hajam.”

Tjeuk nini: „di balandongan dikoeroengan.”

Bral indit djeung nini ka balandongan; tina koeroeng dikentjarkeun hajam anoe ratoe tea.

Ti dinja toeloej Tjioeng Wanara ngaloearkeun hajam tina djero kisa; gantjangna prak diadoekeun tapi eleh hajam ratoe.

Nini soegih teh hoökeun, nendjo hajam ratoe eleh, pok bae nini teh ngomong: „adoeh, asep, hajam ratoe wani paeh, atoeh nini teh tjilaka toengtoengna, koedoe diganti saharga eta hajam.”

Tjeuk Tjioeng Wanara: „geus tangtoe nja kitoe pisan, malah-malah koering oge koe nini dibere doeit.”