Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/161

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
125
 

Sok bae koe nini dibere doeit limapoeloeh pasmat, tapi eta nini pikirna asa ka intjoe sanadjan leuih ti sakitoe, pikirna rek mere bae ngan soepaja moerangkalih teu daekeun mawa doeit loba-loba, pikirna sangeukeun ridoe.

Ti dinja bral bae angkat. Asoep ka tempat gagaman tapi eta gagaman kabeh pada boga hajam, koe Tjioeng Wanara pek bae diasoepan sarta bari ngadoekeun hajam.

Tatapi teu kanjahoan waktoe keur ngadoe hajam, kawantoe bisa ngaleungit, malah-malah eta hajam sakoer anoe diadoean kabeh oge pada paeh.

Gantjangna Tjioeng Wanara dongkap ka aloen-aloen, pek ngaganti roepa ngadjadikeun boedak hideung laer beuteung; nja kitoe deui hajamna djadi hajam koelawoe sentoel.

Pek bae boedak teh eureun handapeun tjaringin koeroeng, di dopang tjaringin soengsang, barina majoen ka wetan.

Oerang toenda tjarita anoe keur eureun.

Oerang njaritakeun heula noe ngaran Goentoer sagara djeung ngaran Bontot sagara, poetra ki Gadjah Manggala, balik beuteung masamoan, ngadoe hajam djalanna ka aloen-aloen.

Prok tepoeng djeung boedak hideung, toeloej ditanja koe noe doeaän, noe nanja langkoeng songong, noe ditanja teh belengong.

Ari pokna anoe nanja: „maneh teh oerang mana?”

„Kaoela teh oerang lemboer.”

„Ti mana lemboer sampean?”

„Ti noe kakoeroeng koe pager.”

„Da meureun aja loeöekanana?”

„Kapan dina tempatna.”

„Naha sampean anak saha?”

„Kapan dewek anak bapa.”

„Na, saha bapa silaing teh?”

„Kapan mah salaki indoeng.”

„Ai ngaran saha?”

„Da dewek lain tikoekoer, tara njeboet ngaran maneh.”

Ti dinja anoe doeaan toeloej pada ngambek bae, pedah dilawanan songong malah toeloej ngarontok ka boedak hideung, tatapina henteu beunang kawantoe bisa ngaleungit; anoe doea teh leungiteun toeloej bae pada balik, dek poepoelih ka ramana, ka ngaran Gadjah Manggala.

Barang datang, pok oendjoekan: „adoeh, ama, koering tiwas papanggih djeung boedak hideung ajana di aloen-aloen. Tapi teu poegoeh ngaranna bawana hajam sahidji boeloena koelawoe sentoel, koe poetra bade ditangkep tapi weleh, hanteu beunang, ajeuna sadaja-daja ama langkoeng oeninga.”

Ti dinja Gadjah Manggala poesingna teu kira-kira, pek bewara ka gagaman miwarang nangkep boedak hideung. Gantjang kabeh pada boedal.

Datangna ka aloen-aloen, barang kasampak boedak teh geus ganti roepa, ngadjadi djelema madjana, henteu goreng henteu kasep; eta djalma anoe loba henteu bisaeun narangkep sabab geus ganti roepana.

II
8