Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/168

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
132
 

Datangna geus boerit pisan, teu aja noe njahoeun basana poetri keur soemping; ngan tjoema poetrana pisan awas ningali iboena, iboena nja kitoe deui awas ningali ka poetra. Toeloej bae dirangkoel djeung ditangisan.

Bari nangis Naganing Roem sasaoeran ngawoeroekan ka poetrana, saoerna: „asep, ajeuna teh poma-poma koedoe bisa majar hoetang iboe bareto dikaja-kaja djeung asep teh dipalidkeun."

Geus kitoe, soemping Batara Troesna bawa, eangna Tjioeng Wanara, nja eta ramana Naganing Roem, maparin pipandjaraeun barina toeloej ngawoeroekan ari saoerna: „asep, ajeuna geura tampanan ieu paparin ti eang bakalna pandjara beusi, gedena sadjaroem tjina. Ajeuna mah geura djieun, tatapi oelah koe andjeun, koedoe wakil ka pandaj kawasa, ka ngaran Ki Gendoe Majak, sabab eta boga djimat ngaran: paloe kaboejoetan. Ari watek eta djimat tina leutik djadi gede; djeung deui, njieun eta pandjara henteu meunang sagala tahoen, koedoe dina tahoen Alif, boelan Moeloed, dina tanggal opatwelas ti peuting malem Djoemaäh. Djeung pameuleuman beusi koedoe diparepehan wedoes hideung atawa hajam hideung djeung hadjatna sangoe poenar, doa'na koe naktoe di noer." (sic)

Gantjangna eangna moelih, asoep ka sawarga loka.

Ladjeng Tjioeng Wanara njaoer pandaj tea. Teu lila djol bae datang ngadeuheusan.

Tjioeng Wanara nimbalan, saoerna: „ajeuna, oea, dangoekeun koe oea diperih pati pangdamelkeun pandjara beusi, ieu bakalna teh leuih leutik koedoe djadi sewoe kati eukeur boeat majar hoetang."

Walonna: „soemangga pisan, nanging teu meunang salingkoeh, koedoe neda idin heula ka rama gamparan, ka praboe ratoe ambeh tjaina herang laoekna beunang."

Geus kitoe, Tjioeng Wanara toeloej bae ngadeuheusan ka ratoe sepoeh. Kasampak ratoe keur linggih djeung eta Dewi Pangrenjep.

Ratoe sepoeh toeloej njaoer ka Tjioeng Wanara, saoerna: „asep, soekoer, teuing soemping, rek naon nja pigaleuheun?”

Wangsoelna: „soemoehoen pariksa ama, noe mawi abdi doemeuheus, abdi njoehoenkeun paidin dek njieun pandjara beusi gede, bobot sewoe kati?"

„Keur naon?"

Tjeuk Tjioeng Wanara: „noe matak njieun pandjara, bisi aja badjo ngalalakon, bisi aja badjag ngalalana, karepna rek nganiaja, kakersa kangdjeng rama saraoeh ka kangdjeng iboe."

Saoer rama: „asep, kajoengjoen teuing tjatjakan moerangkalih mah, geus aja karep rek bela ka rama djeung ka iboe, ajeuna, ama ngidinan, di mana anggeus, koe ama arek dironda, bisi koerang sajagana.”

Tjioeng Wanara toeloej moelih bebedja ka pandaj kawasa tea jen meunang idin ti ratoe.

Ari tjek pandaj kawasa: „mangga, tapi koedoe sirep heula oerang nagara Galih Pakoean, bisi aja noe njahoeun."

Ti dinja prak bae njirep, datang ka reup bae hareës sanagara katoet ratoe sepah.

Pandaj kawasa deker bae njieun sarta gantjangna teu kira-kira, metakeun djimat tea djeung henteu koengsi sapeuting geus anggeus eta pandjara.