Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/169

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
133
 

Gantjangna pek dihatoerkeun ka Tjioeng Wanara, sarta pek koe Tjioeng Wanara dioekir:

dioekir direnggi-renggi,
ditatah digoebah-goebah,
diroepa-roepa wongwongan,
malah rongrong gogodongan,
ditekin dina oekiran,
merak simping lalakina,
dilongok siga rek matjok,
diteang siga njoreang,
dilieuk siga mireungeuh,
dioengkoelan siga imoet,
ditilik siga rek seuri,
oekiran aloes katjida,
soepaja kajoengjoen ratoe,
soepaja radja kabita.

Geus anggeus sadajana, Tjioeng Wanara toeloej ngoeninga ka ratoe sepoeh.

Malah geus dipariksa, saoerna: „geus anggeus, asep?”

Wangsoelna: „soemoehoen parantos.”

Gantjang bae ratoe angkat sareng pawarangna noe ngaran Dewi Pangrenjep.

Teu lila geus soemping bae. Ningali pandjara tea barina dipariksakeun langkoeng aloes saoer ratoe, saoerna: „na, asep, pandjara aloes-aloes teuing, komo teuing di djerona.

Tjik, ama, hajang njaho ka djerona, tapi koedoe make damar sabab di djerona poëk.”

Gantjangna Tjioeng Wanara njipta damar. Enggeus tjaäng di djerona, ti dinja ratoe teh asoep sareng Dewi Pangrenjep, rek ningalian oekiran saraoeh reudjeung tekinan.

Tjioeng Wanara tinggal di loear.

Barang ratoe geus asoep, geuat Tjioeng Wanara narik panto pandjara djeded,

rekep batan hoentoe gegep,
lita batan hoentoe koeja,
reugreug pageuh djedjel kandel,
poëk medem boeta radjin.

Atoeh ratoe sareng poetri segroek bae narangis, nanging koe Tjioeng Wanara henteu diwaro, anggoer toeloej angkat ka Goenoeng Padang.

Tjatoerkeun Aria Banga rek ngadeuheusan ka ramana, tapi barang dongkap ka boemina henteu njampak; lila-lila aja bedja jen ratoe enggeus dipandjara.

Ti dinja geuat Aria Banga ngoempoelkeun parabopati, djaksa reudjeung aria; ka raden paragegeden miwarang ngakat pandjara, tapi henteu beunang dikakat.

Kaboeroe koe Tjioeng Wanara ti Goenoeng Padang.

Geus datang, katingal koe Aria Banga, toeloej disampeurkeun gantjangna ger bae perang.

II
8*