Lompat ke isi

Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/170

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
134
 

Silihpĕdang, silihbiti,
silihtonjok, silihcabok,
tapi sarua gagahna,
pĕrang lila nanakĕran.

Kocap parabopati geus pada kalabur kabeh, sabab teu bisa nyapih nu pĕrang.

Nu ka wetan baladna Aria Banga balik ka Tĕgal tamtama Majapait, ari anu ka kulon baladna Ciung Wanara budalna ka Pajajaran.

Kantun anu eukeur pĕrang, pĕrangna lawas kacida. Dongkap ka dalapan wĕlas taun pĕpĕrangan silihsered, lila-lila datang ka hiji walungan.

Tuluy Aria Banga ditewak dibalangkeun ka sabeulah ti wetan. Ti dinya Aria Banga rek malikan, tapi kahalangan ku walungan.

Tuluy bae sasauran bari ngajak eureun pĕrang: "Beu, rai, ayeuna mah pĕrang teh urang eureun bae ti sĕrĕk poë ieu sababna aya wahangan, sarta ieu wahangan urang ngaranan Ci-pamali, pamali soteh, lain pamali diïnum dipake mandi, pamali urang girang jeung dulur."

Gancangna pek bae sasalaman sarta nya di dinya pisahna.

Aria Banga ka wetan, tuluyna ka Majapait, ari Ciung Wanara ka kulon. Tatapi samemehna papisah sasauran heula, misaurkeun wawatĕsan ti sĕrĕk Ci-pamali.

Saurna: "Rai, ti sĕrĕk Ci-pamali ka wetan bagian kakang, dibasakeun tanah Jawa kajawan kaparabon."

Saur Ciung Wanara: "Sumuhun, akang, ti sĕrĕk ieu ka kulon bagian kuring, dibasakeun tanah Sunda, Pasundan sabda ka Malayu trus ka Palembang.

Ti dinya bral papisah.

Dĕmi Ciung Wanara ka dayeuh, heula malangkeun panjara beusi ragrag ka Kandang Wĕsi; nu matak dingaranan Kandang Wĕsi, asalna panjara beusi dibalangkeun los ka dinya.

Ti dinya Ciung Wanara kĕbat nuturkeun gagaman tea ka Pajajaran, Aria Banga nuturkeun baladna tea, losna ka Majapait.

Urang tunda.