Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/19

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

A.

TJARITA

NJAI SOEMOER BANDOENG,

anoe kapigarwa ratoe nagri

KOETA WARINGIN
GIRANG




Katjarita aja hidji nagara, ngaranna Koeta Waringin girang, bogoh koe palataran nagara:

Lemboer semoe noetoer ngidoel,
dengdek ngaler tjobor ngoelon,
lemboer karioeng koe goenoeng,
nandjak djalan ka tjaïna,
ngaranna Sri Katampian,
bogoh koe tata nagara,
lemah loehoer beunang ngoekoer,
lemah poetih beunang ngoekir,
lemah beureum ngagandonkeun,
diawoeran koe keusik seungit,
diawoeran koe batoe boeleud,
tingkaritjeup tingkarireum,
tanding oraj santja mojan,
njieun sitoe tebeh kidoel,
rantja genggong tebeh koelon,
aloen-aloen sewoe tjengkal,
tina midjina saketi,
djeung Toean Batara Toenggal,
pingitan sawidak lima,
babantjong dalapan poeloeh,
paseban lima ngadjadjar,
sok ngelir koetana beusi,
sok ngembat koetana wadja,

VERH. BAT. GEN. LVIII.
1