Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/20

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
2
 

rogrog boerang malelana,
meunang ngahoentoe kalakeun,
nja eta awisan moesoeh,
moesoeh noe ti mega malang.

Ditingali pandjara beusi dalapan poeloeh lobana paragi noe lolongok kapelengok, noe maling kapanggih, noe nagih ge tara balik deui, sok dikekesek didjieun pangarih; tjadoe balik deui.

Ditingali pandjara babah baroeangna, warna ngaranna, warna roepana: baroeang leunggeuh, baroeang djoebleg, kidang, mandjangan, samber njawa.

Ditingali parabot perang: lisoeng beusi, kampaän beusi, tjalongtjong beusi.

Oraj welang pasarampaj,
babakaoer tebeh kidoel,
kamarangna tebeh wetan,
sapina toedjoeh gantoengan,
ngemplang timahna parigi,
ageungna toedjoeh pembedel,
paragi njedekkeun moesoeh,
reudjeung keur meudjeuhna hoeroeng,
hoeroeng tatadjoeranana,
siang pepelakanana,
melak doekoeh reudjeung manggoe,
melak nangka djeung tjampedak,
korma reudjeung mandalika,
melak gedang djeung bangkoeang,
melak ganas djeung rampenas,
djawer kotok djaringao,
antanan djeung gandaroesa.

Bisi ratoe poejeng nja mastaka, bisi galigir panas-tiris, mo weleh moepoekan njimboeran, tjaroge meunangkeun ratoe, teroes kana babantjong, paseban lima ngadjadjar, teroes kana papatihna di nagara Koeta Waringin, bat kalampitan panakawan kadeuheus noe kasep Koeda-aing-Lengser, Moending Waringin, Koeda Waringin. Aja deui noe panggagahna dahoean ratoe, noe kasep Kalang Soetra Panandoer Wajang, sakitoe reana papatihna.

Tjatoerkeun di padaleman rogrog ingon-ingon ratoe: poer poejoeh boentoetan sakembaran, oetjing tjantel tjandra mawa sakembaran, peusing sihoengan sakembaran, ngadangong banteng lilin sakembaran.

Saha djenengan ratoe?

Moending Keling Poespa Mantri, noe kasep bengker Menak Pakoean, Menak Pelag Padjadjaran, Satria Mangkoekawasa; sakitoe djenengan ratoe.

Endar loba pawarangna,
daroëh baroerej keneh,
noe geulis beunang ngeliran,
noe lendjang beunang ngiwatan,
opat poeloeh poendjoel doea,