Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/22

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
4
 

daoen tjaringin tibalik,
kadoepak sorana bedil,
daoen klapa tingsariak,
kadoepak sorana tinggar,
toekang soeling djeung karinding,
topeng katoet reudjeung ronggeng,
ngoengkoengan anoe tataloe,
goemaledag-goemaledoeg.
sada goegoer ka pingpitoe,
sada gelap ka limana,
manan koerang ditambahan,
manan repeh ditarikan,
djeug teundeun batan neundeun,
djag toenda batan bawa,
anoe diteundeun sampeureun,
anoe ditoenda bawaeun,
anoe keur pada tataloe,
di nagri Koeta Waringin.

Oerang njatoerkeun sora goöng djeung sora bedil, tjondong rokoj ka nagara Bitoeng Woeloeng, ka noe geulis Soemoer Bandoeng, Talagangsa Bitoeng Woeloeng, Emas beureum Toendjoeng poelo.

Soesah noe geulis Soemoer Bandoeng, ngadadangoekeun noe ngagoeroeh ; soesah teu boga tanjaeun. Ras inget ka saderekna pameget noe keur tatapa dina dasar sagara, noe djenengan Rangga Wajang, aja djangdji memehna indit, soebaja memehna tapa, lamoenna boga kasoesah soepaja digeulngkeun bae.

Ari Nji Soemoer Bandoeng kagoengan rentjang istri, ngaran Njai Oegem, noe sok atjin ngemil pingping moending, njisigna koe samak boetoet, iroeng sakotak djeung mata, boeoekna ngan toedjoeh lambar m^nod pinoeh koe koetoe, koelit beuteung lilimboeheun, paragi ngenggon toembila.

Enggalna Njai Oegem dipiwarangan njajagikeun paroekoejan:

Lakotoj sangkeloh mando,
boel Nji Soemoer Bandoeng ngoekoes,
neundeun saoer toengtoeng koekoes,
panedja ka noe ker^sa,
sarta bari kieu pokna:

„Kang Rangga Wajang geura moelih ti patapaan!”

Teroes rasa ka noe tatapa, lilir tanghi, girap milepas manah, loentjat kana kikisik sagara bari newak roeas djimat Si-oendoer-oendoer ; ngadaweung dina kikisik sagara, bari ngitoeng-ngitoeng pilakoekeun, ngetang-ngetang pilampaheun.

Eling ka doeloer, ka noe geulis Soemoer Bandoeng: „aing teh boga djangdji memeh indit, soebaja memeh tatapa, mana kitoe oge Soemoer Bandoeng boga kasoesah."

Inditna ti pangtjalikan,
loegajna ti pangtapaan,