Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/23

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
5
 

ranggeong toenggang gamparan,
mintdeng lilingga inten,
mendoeng bari papajoengan,
lentang bari pipidangan,
soemping kana ioeh tandjoeng,
kana kalangkang handjoeang,
mipir dina gambir woeloeng,
tjetjetrekan djodjogedan,
egang nintjak djoeroe sindjang,
djalan ditintjak sisina,
tengahna mah pidjagaeun,
soempingna ka aloen-aloen,
aloen-aloen sewoe tjengkal,
pingitan sawidak lima,
goeroedak ka padaleman,
ka noe geulis Soemoer Bandoeng,
kasampak kasondong aja,
ladjeng njaoer kieu pokna:

„Njai, engkang sampoerna soen neda eureun, nama deungdeung kadjeun sono pepes kesang balik deui."

Reret Njai Soemoer Bandoeng:
„bage daweg kembang djambe,
kamajang bagea datang,
kembang tjalik dina tjepil,
anak ing kakara soemping."

Tjalikna papajoen-pajoen ladjeng njaoer, kieu pokna: „Njai, akang rek diadjar tikoro kotakeun, tjareham hajameun, rek diadjar galehgeran ; nanja, koe naon noe matak akang keur tatapa digeuingkeun?"

Wangsoelna Njai Soemoer Bandoeng: „akang, koering gadoeh dedengean, naon eta noe ngagoeroeh; didengekeun di loehoer asa di handap tjondong rokoj ka nagara oerang, nagara reugreug, nagara pageuh, nagara asa ajoen-ajoenan".

Saoer noe kasep Rangga Wajang: „noe matak akang moelih oge ti patapaan, gadoeh dedengean!

Tjeuk noe geulis Soemoer Bandoeng:

„kasab akang sok patanja,
koering mah lalaki gawir,
koering mah lalanang sentar,
koering mah ewer-eweran,
engkang koering mah teu njaho".

Saoer Rangga Wajang: „Njai koedoe njaho bae".

Wangsoelna Njai Soemoer Bandoeng: „engke atoeh engkang, oelah sok soentar-sentar matak kaboer pangatjian."

Seblak ngatja dina dampal panangan, dengdekeun ka tebeh kaler, barakbak nagara dina dampal panangan ; barakbak roehaj anoe tataloe di nagara Koeta