Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/24

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
6
 


Waringin; geurakeun teuing bagdja deungeun, tjaroge meunangkeun ratoe.

Demi kasaoeran Rangga Wajang: „Njai, hajang kagoengan tjaroge ka ratoe? Soemangga oerang nanjaan ka nagara Koeta Waringin, oerang reboet tjarogena, tjaroge Nimbang Waringin."

Saoer noe geulis Soemoer Bandoeng: „engkang, koering man alim teuing, kawantoe noe geulis Nimbang Waringin sok timboeroean teu poegoeh, toempang tereka ka noe saliwat, sok nampiling semah awewe."

Saoer Rangga Wajang:

„geus koemaha engkang bae,
ngamoek soengkoen perang lawan,
lamoenna arek bitjara,
hamo sabaraha boelan,
dek taroeng sabraha taoen,
mangga Njaï geura dangdan,
ratoe teh oerang tanjaan.”

Saoer noe geulis Soemoer Bandoeng:

„soemangga engkang simkoering,
soemangga toeroen bantajan,
lamoen metoe sapamoendoet,
lamoen roepa sapamenta,
da koering emboeng badarat,
koering hajang toenggang banteng,
banteng lilin semoe gading,
kolotok bentang ranggeujan,
tandoekna salaka domas,
sareng boentoetna banjoe mas,
taroempah tambaga soekra,
tjeker warang oesoe-asa,
koe koering meureun ditoenda,
ditoenda di leuweung ganggong,
dina tangkal kopo tjondong,
sareng dina tjadas ngampar,
mangga engkang pangngalakeun.”

Wangsoelna Rangga Wajang: „Njai, akang man teu loedeung ka leuweung; noe bisa ngala banteng ngan Langen Sari Djaja Mantri Mas Wira Djajamanggala, adi akang, lantjeuk Njai, noe keur tatapa dina Sanghyang dampit noenggal, dipaparin djimat werat sadjagat."

Ari pokna noe geulis Soemoer Bandoeng: „soemangga engkang Rangga Wa- jang, koering pangneangankeun noe kasep Langen Sari.”

Saoer Rangga Wajang: „Njai, djaoeh djoengdjoeng, anggang doa'keun.”

Koleang noe kasep Rangga Wajang:

inditna ti pangtjalikan,
loegajna ti waton randjang,
ranggeong toenggang gamparan,