Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/25

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
7
 

longok ka djorong pendokna,
soreang ka kalangkangna,
ragap kana tjangkeng genteng,
genteng tjangkeng hamo potong,
Dewata anoe ngajoega,
Galoedra tempoehanana,
Banaspati noe ngadjadi,
ka hareup ngarah sadjeudjeuh,
ka toekang ngarah salengkah,
ka hareup ladjoerkeun tineung,
ka toekang ngawawaasan,
soempingna ka noe tatapa,

Watara satoembak, brek tapak dekoe, pok gontowong, pak gantawang, segor noe kasep Rangga Wajang: „raji ieu toeang raka, sampoera soen, kadjeun sono pepes kesang balik deui.”

Djongdjon bae noe kerek noe tatapa.

Rangga Wajang sor ka hareup, toeloej newak toeoer Langen Sari, digeuingkeun teu daek njaring. Rangga Wajang keuheul, ditewak boeloe sotjana, ditongtak koe Rangga Wajang: „raji geura njaring, ieu toeang raka bade aja pitjarioseun!”

Enggalna Langen Sari lilir tanghi, girap milepas manah, njaring barina ambek, pokna: „kana naon ali beusi aing pidekkeunana, hajang hiroep geura oendoer, hajang paeh tagen.”

Saoer Rangga Wajang: „raji, poma oelah waka bendoe, ieu engkang toeang raka noe ngageuingkeun.”

Atjong Langen Sari anoe njembah: „ampoen sarewoe ampoen, soega'n teh lain toeang raka.”

Saoer Rangga Wajang: „deuk diadjar tikoro kotokeun, tjareham hajameun.”

Saoer Langen Sari: „dipiwarang naon koe noe geulis Soemoer Bandoeng.”

Wangsoelna Rangga Wajang: „raji dipiwarang ngala banteng; ari toeang raka teu loedeung ka leuweung. Poen Soemoer Bandoeng ngadjak toeroen bantajan, ngadjak nanjaan ka nagara Koeta Waringin.”

Demi djawabna Langen Sari: „noen soemangga, raji loedeung ka leuweung ngala banteng.”

Koleang noe moelih ti pangtapaan:

manggih moending rarakitan,
manggih koeda papasangan,
moen inten mah sakoeroengan,
tjetjetrekan djodjogedan,
rampajak babadajaan,
ramboet pandjang diroendajkeun,
menod ramboet make gengge,
lain gengge noe galede,
sagede siki sasawi,
beunang narapang koe emas,