Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
8
 

beunang ngarenjek koe inten,
menak gagah parakosa,
wedoek taja noe ngoengkoelan,
menak manggoelang-manggoeling,
soempingna ka padaleman,
kasampak kasondong aja.

„Njai, engkang sampoera soen.”

Djawabna noe geulis Soemoer Bandoeng: „aeh, engkang, mangga, atoeh oelah tjalik didinja, ka dieu kaloehoer Sala manggoeng:

„mangga oerang dioek tepoeng,
tepoengan sapanandoekan,
anoe geulis Soemoer Bandoeng,
sok hanteu ngamoending pasir,
da hanteu ngagadjah reuma,
hanteu santen doedoek-dadak,
sarolong noe diasorkeun,
sereleng noe dikeserkeun,
gawawak dimadanaän.

„Soemangga engkang, geura ngalemar, didjodjode dimomorekeun, hatoeran djelema hade.”

Tjalik papajoen-pajoen sarta bari ngalemar; hariring noe kasep Langen Sari, pokna: „noe matak akang keur tatapa digeuingkeun, rek aja naon pikarsaeun?”

Saoer noe geulis Soemoer Bandoeng: „engkang, koering pangngalakeun banteng di leuweung ganggong.”

Ari pokna Langen Sari: „Njai, akang teh hanteu njaho di roepa banteng, hajoe atoeh djeung Njai oerang ka leuweung, soepaja ditoedoehkeun bae roepana banteng ngamoekna mah koemaha akang.”

Wangsoelna Njai Soemoer Bandoeng: „soemangga.” Sareng ka rakana Rangga Wajang kieu pokna: „akang Rangga Wajang, mihape nagara, koering rek ka leuweung ganggong.”

Saoer Rangga Wajang: „Njai, noen soemangga.”

Koleang Njai Soemoer Bandoeng ka leuweung djeung rakana Langen Sari.

Mendoeng bari papajoengan,
lentang bari pipidangan,
tjetjetrekan djodjogedan,
leuleus keupat bisa angkat,
leuleus pigeulang panangan,
leuleus batan awi tali,
awi tali anoe ngora,
adat-adat anoe kasep,
anoe kasep Langen Sari,
ngewer sindjang kotak nonggeng,
kotak nonggeng popohoan,
sisi saroeng dina poendoek,