Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/27

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
9
 

boedjoer mah tembong toenggirna,
mipir pasir njoekang lebak,
dina leuweung sakeukeudeung,
soemping kana kopo tjondong,
soemping kana tjadas ngampar.

Saoer Njai Soemoer Bandoeng: „engkang, banteng teh rek ditjaloekan ti dieu bae.”

Tjek Langen Sari: „soemangga kersa Njai.”

Lakotoj sangkeloh mando,
ret toengkoel barina imoet,
boel anoe ngoekoes di leuweung,
neundeun saoer toengtoeng koekóes,
panedja ka noe keresa,
„Banteng lilin sia hiap,
ka dieu tjoendoek ka boekoe,
kadieu datang ka mangsa.
sakeudeungan oelah lila”.

Geus kitoe banteng teh loeak-lieuk ngadenge sora Njai Soemoer Bandoeng; gantjangna koleang banteng anoe njampeurkeun.

Banteng lilin semoe gading,
kolotok bentang rangeujan,
tandoekna salaka domas,
ari boentoetna banjoe mas,
taroempah tambaga soekra,
tjeker warang oesoe-asa,
tjongklang lemboet manggoet-manggoet,
sisirig banteng adean.
soempingna ka anoe geulis,
anoe geulis Soemoer Bandoeng,
eta banteng teh brek depa,
depa moendoet ditoempakan,
ditalian tjinde woeloeng.
banteng ditatap dioesap.

Demi saoer Njai Soemoer Bandoeng ka banteng: „ajeuna oetoen, oerang toeroen bantajan ka nagara Koeta Waringin girang.”

Banteng toeloej oenggeuk, moenna madjar: „soemangga”.

Ari saoer noe geulis Soemoer Bandoeng ka toeang raka: „engkang Langen Sari, ieu geus beunang banteng teh.”

Tjek Langen Sari: „atoeh soemangga Njai, geura angkat”.

Koleang Nji Soemoer Bandoeng,
sarta bari toenggang banteng,
dina leuweung sakeukeudeung,
dina tegal sabengbatan,
mipir pasir njoekang lebak,
leuweung ganggong sima gonggong,