Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/28

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
10
 

kaïna bangban djeung bingbin,
bangban-bingbin bobonelan,
tapok djeung kiara djanggot,
soempingna ka aloen-aloen,
aloen-aloen sewoe tjengkal,
pingitan sawidak lima,
babantjong dalapan poeloeh,
paseban lima ngadjadjar,
soempingna ka padaleman,
ka noe kasep Rangga Wajang.

Saoer Njai Soemoer Bandoeng ka Rangga Wajang, pokna: „engkang, ieu simkoering sampoera soen, neda eureun nama deungdeung, kadjeun sono pepes kesang balik deui.”

Segor noe kasep Rangga Wajang ngawalon: „Njai, banteng koe saha beunangna? akang ajeuna mah, mo inggis ngadjoeroengkeun.”

Saoer noe geulis Soemoer Bandoeng: „beunangna koe noe kasep Langen Sari.”

Ari tjek Rangga Wajang: „Njai, soemangga, atoeh ajeuna oerang toeroen bantajan ka nagara Koeta Waringin, tapi banda Njai koemaha dibawana?”

Enggalna Njai Soemoer Bandoeng njandak tjoepoe djimat, toeloej banda sanagara ditoenggoeloeng ditjoepoean kabeh; beak lenglang, nagara djadi tarikolot.

Saoer noe geulis Soemoer Bandoeng: „engkang Rangga Wajang, ieu banda geus beunang njoepoean, kamanakeun?”

Tembalna Rangga Wajang: „bikeun bae ka Si-ogem.”

Koe noe geulis Njai Ogem, tjoepoe anoe eusi banda sanagara sanggeus ditampanan, dipake paseuk geloeng.

Enggalna Njai Soemoer Bandoeng djeung Si-ogem toeloej toenggang banteng, sarta bari njaoer ka rakana, pokna: „hajoe, engkang, oerang toeroen bantajan tea.”

Demi saoer rakana: „Njai, atoeh soemangga.”

Rangga Wajang njandak djimatna, roeas Si-oendoer-oendoer, Langen Sari njandak doehoeng kaboejoetan, noe ngaranna Si-toendoeng-moesoeh.

Inditna ti pangtjalikan,
loegajna ti waton randjang,
koeriling noe ngala hoerip,
nendjrak lemah toedjoe kali,
mepet bajoe toedjoeh lengkah,
ngarah dawoeh anoe lima,
ngarah poë anoe toedjoeh,
kalapati geus dipoengkir,
kalabaja geus ka toekang,
ka hareup ngarah sadjeudjeuh,
ka toekang ngarah salengkah,
ngabroel-ngabroel ngaboeboehan,
ngembat-ngembat ngabantajan,
bat deuï Den Langen Sari,