Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/29

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
11
 

bat deuï Den Rangga Wajang,
Soemoer Bandoeng toenggang banteng,
ngaleut ngeungkeuj ngabandaleut,
adat Raden Langen Sari,
neglak bari tetembangan,
tjetjetrekan djodjogedan,
rampajak babadajaan,
tara soengkan manggih lawan,
tara emboeng manggih moesoeh,
tara inggis sebit koelit,
tara rempan bentjar dada,
ana toengkoel njoö doehoeng,
ana tanggah santen imoet,
soreang ka kalangkangna,
ragap kana tjangkeng genteng,
genteng tjangkeng hamo potong,
soempingna ka aloen-aloen,
aloen-aloen sewoe tjengkal,
pingitan sawidak lima,
babantjong dalapan poeloeh,
goeroedoeg ka hoeloe dajeuh,
ka nagri Koeta Waringin,
Koeta Waringin beh girang.

Ari tjek noe geulis Soemoer Bandoeng: „engkang, ieu teh nagara naon tea?”

Saoerna Rangga Wajang: „nja ieu, Njai, nagara Koeta Waringin teh".

Toeloej noe geulis Soemoer Bandoeng hatoeran ka rakana, kieu pokna: „engkang, atoeh sae oerang ngarereb heula sakeudeung di dieu.”

Enggalna pada tjalik papajoen-pajoen, bari Rangga Wajang njaoer ka toewang raji: „Njai, nja ieu ka dieu oerang nanjaan teh!”

Ari saoer noe geulis Soemoer Bandoeng: „atoeh lamoen kitoe, ajeuna geura engkang geuwat ngadeuheus ka paseban, ka noe kasep Kalang Soetra, sarta oelah poepoelih arek nanjaan, koedoe poepoelih arek lalandjang boedjang bae.”

Saoer Rangga Wajang: „antosan ka Njai di dieu, engkang rek ngadeuheus ka paseban, ditampa teu ditampa, engkang tangtoe gantjang moelang deui ka dieu.”

Wangsoelna Njai Soemoer Bandoeng: „noen soemangga.”

Enggalna Raden Rangga Wajang indit:

Koleang noe ka paseban,
Ngdak bari tetembangan,
mendoeng bari papajoengan,
longok kadjorong pendokna,
soreang ka kalangkangna,
ragap kana tjangkeng genteng,
anoe gilik boeboedina,
anoe leah lelewana,