Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/30

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
12
 

pantes monjong heheotan,
ngelak bari tetembangan,
soemping ka kalapa gading,
datang ka kalapa gendjah,
mipir dina gambir woeloeng,
soempingna mah ka paseban,
paseban lima ngadjadjar,
kasampak kasondong aja,
pok gontowong pak gantawang,
anoe kasep Rangga Wajang,
barina ngotjopkeun pajoeng.

Demi soerna Rangga Wajang: „ji, Kalang Soetra, ieu akang, sampoera soen, neda eureun nama deungdeung, pepes kesang balik deui.”

Reret noe kasep Kalang Soetra bari njaoer: „aeh, raka, mangga atoeh, oelah tjalik didinja, ka dieu ka loehoer Sala manggoeng, lampit hidji sapotong sewang, oerang dioek tepoeng sapanandoekan.”

Adat Rangga Wajang: bangkong lodor, tjaktjak lewaj; da halal, hade loentjat kana korsi gojang, edeg-edegan dina korsi gojang, sisikoe paseban moeroeboet.

Ret noe kasep Kalang Soetra, saoerna: „raka, raji rek diadjar tikoro kotokeun tjajeham hajameun, rek diadjar galehgeran nanja:

„timana nja lemboer matoeh,
timana nja dajeuh maneuh,
bandjar karang pamidangan,
lemah tjaï kapoetihan,
nagara antjik-antjikan,
maksoed teh arek kamana,
atawa poelang ti mana,
djeung saha deuï nja batoer,
lemboer mana noe didjoegdjoeg,
nagri mana noe disedja,
toetoep djoeroe oempak lintjar,
ajeuna geura tembalan.”

Saoer noe kasep Rangga Wajang: „noehoen sarewoe dipariksa; ari dipariksa lemboer teu pati djaoeh, nagara teu pati anggang, ti nagara Bitoeng Woeloeng.

Ari dipariksa batoer ragem, ditoenda di hoeloe dajeuh, ponggawa tiloe. Ari dipariksa djenengan, noe geulis Soemoer Bandoeng Talagangsa Bitoeng Woeloeng, emas beureum; panakawanana Nji Ogem. Ari dipariksa pamegetna, anoe kasep Langen Sari, pamojokan boedak angon; nja ieu beungeutna noe kasep Rangga Wajang. Ari dipariksa lemboer noe didjoegdjoeg, nagara anoe disaija teu aja, sedja ngadeuheus bae ka adjengan, soeganna ditampa rek miloe hoeroen soedjoed ka ratoe, tangkal ing bakti ka mantri, dek djadjap koemaoela, dek lalandjang dek boeboedjang, hanas aja sawah sabraha baoe keun ninggalina mah koemaha koering, hanas aja toetoeeun sabaraha tjaeng keun koemaha noe geulis Soemoer Bandoeng ningalina mah