Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/31

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
13
 

Ari saoerna Kalang Soetra: „raka, koering teh mo gantjang-gantjang narimakeun; kawantoe boga doeloer awewe sahidji dianggo geureuha ratoe noe panggeulisna, noe djenengan Njai Nimbang Waringin, sarta sok bedang ti boeboedak, sok timboeroean teu poepoegoeh, toempang terka ka noe saliwat, sok nampilingan semah awewe; perkara ajeuna koemaha noe geulis bae Njai Nimbang Waringin, ditampa teu ditampa.”

Pokna Rangga Wajang: „perkara ieu mah diampihan tjitjing, teu diampihan tjitjing, oepama noe boga nagara ngamoek, soengkoen perang lawan, bitjara mo sabaraha boelan.”

Kalang Soetra per moeriang teu kawajan, rasana, ngan sirikna teu ngahilingkeun ka noe boga nagara. Pok gontowong, pak gantawang, segor njaloekan Si-lengser: „Lengser sia ka dieu!

Torodjol Lengser ti pongpok gedong.

Ai saoerna Kalang Soetra: „Lengser, geura oendjoekeun ka padaleman, ka noe geulis Nimbang Waringin, jen ajeuna aja tatamoe djaoeh, baraja anggang, tampa atawa entong?”

Koleang Si-lengser noe babalapan ka padaleman.

Basana ngentoeg ngagoeroeh,
basana ngentag ngageder,
naradjang kikis paboeïs,
kandang djaga patoelajah,
soempingna ka padaleman,
atjong Si-lengser noe njembah.

„Goesti, ieu abdi, sampoera soen, neda eureun, nama deungdeung pepes kesang balik deui.”

Reret ratoe ti padaleman, hariring mantri, goemaligoet ratoe njaoer, njabda beukas ka panakawan: „Lengser sia dek kamana, poelang ti mana, dipiwarang naon ti paseban koe noe kasep Kalang Soetra.”

Tjek Si-lengser: „goesti, abdi manggoel pioetoes, ngemban piwarangan; dipiwarang ngoendjoekkeun jen aja tatamoe djaoeh, baraja anggang.”

Saoer ratoe: „pangdenge aja semah, semah awewe atawa lalaki?”

Tembalna Si-lengser: „soemoehoen awewe doea, lalaki doea.”

Saoer ratoe: „Lengser, saha ngaranna semah teh?”

Tembalna Si-lengser: „doepi djenenganana noe ka paseban Rangga Wajang, ari noe tiloean deui ditoenda di hoeloe dajeuh, anoe djenengan Langen Sari, Soemoer Bandoeng, djeung panakawanna Njai Ogem; menggahing kasaoeranana: „rek lalandjang rek boeboedjang, rek miloehoeroen soedjoed ka ratoe, tangkal ing bakti ka mantri, djadjap ngawoela ka menak.”

Saoer ratoe: „pangdenge teh, Soemoer Bandoeng?”

Tjek Si-lengser: „goesti, soemoehoen.”

Ari kasaoeran ratoe:

„Lengser geura tampa bae,
eukeur ponteng kanoe koneng,
tjoeëut nineung ka noe hideung,