Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/32

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
14
 

palaj ka noe bangbang awak,
ajeuna mah oeningakeun,
ka kang raka Kalang Soetra,
Soemoer Bandoeng tampa bai,
Noe geulis Nimbang Waringin,
djongdjon-djongdjon ngadangoekeun,
ratoe eukeur sasaoeran,
noe geulis Nimbang Waringin,
gebrag-gebroeg mere semoe,
lelewa teu panoedjoeëun.

Toeloej noe geulis Nimbang Waringin njaoer ka Si-lengser, pokna: „Lengser, dedengean teh aja semah, sabaraha oerang djeung saha ngaranna?”

Tembalna Si-lengser: „ari djenenganana anoe geulis Soemoer Bandoeng Talagangsa Bitoeng Woeloeng Emas beureum Toendjoeng poeloe, Rangga Wajang djeung Langen Sari, sareng panakawanna ngaran Njai Ogem, ari kasaoeranana: rek miloe koemawoela, rek lalandjang rek boeboedjang.”

Saoer Nimbang Waringin: „Lengser, palangsiang ditampa!”

Tjek Si-lengser: „ari saoer toeang raka, Raden Kalang Soetra, koemaha Nimbang Waringin bae, anoe matak henteu gantjang-gantjang ditampa, ajeuna mah agan, geura tjalik ka paseban bae.”

Saoer Nimbang Waringin; „paingan Lengser, aing kekerenjedan dampal panangan, tajoh geus heubeul teu nampilingan semah awewe.”

Nimbang Waringin garetek noe goemamengan, bari sasaoeran: „Lengser, kadjoedi koe aing, kailo koe badan djompo, eta teh Si-soemoer Bandoeng lain rek lalandjang, lain rek boeboedjang, rek nanjaan ka ratoe.”

Enggalna noe geulis Nimbang Waringin sarong si-Lengser toeloej angkat ka paseban.

Koleang noe ka paseban,
garetek noe goemangmengan,
beunangna di samping djangkoeng,
soempingna mah ka paseban,
kasampak kasondong aja.

Barang soemping Nimbang Waringin, ohek, ngareuhak ka Rangga Wajang. Tapi koe Rangga Wajang reuhak ditakis, ditakisna koe geloeng pajoeng, reuhak malik deui kana pipi.

Noe geulis Nimbang Waringin,
goebrag-gebroeg mere semoe,
lelewa teu panoedjoeëun,
timboeroean teu poepoegoeh,
henteu soedi kaantjikan,
matak sebel ngagarindjel,
matak giroek ngagaritjoe.

Saoerna Nimbang Waringin ka toeang raka Kalang Soetra: „engkang, keur naon pigaweëunana Si-soemoer Bandoeng, didjieun pangampih djepit, poerah